Nasution Co

Gara Gara Korona

“Horéé libuur.” Réga arag-ajragan waktu bu guru ngumumkeun yén salila dua minggu diajar di imah. Pembelajaran Jarak Jauh, kitu kasebutna. Kabayang bisa nongton tivi, maén gim, maén tiktok sawaregna.

Poé  kahiji sumanget nitenan Hapé. Tugas ti Bu Siti ngeunaan korona langsung dikerjakeun. Babari da materi ngeunaan korona mah numpuk. Asal daék maca. Tugas langsung dijapri ka Bu Siti. 

“Bu, Réga nonton film nya.”

“Kerjakeun heula tugasna.”

“Atos.”

“Sadayana?”

“Muhun.”

Réga surak basa Ibu unggek.  Ti jam satu labas nepi ka jam lima soré nagen hareupeun tivi. Cengkat téh mun Ibu ngagero nitah ka cai atawa nitah dahar.

Poé ka opat cul kana tivi. Anteng kana hapé. Maén tiktok. Dua leungeun ka luhur, nyekel sirah, leungeun nyilang piligenti terus gaya metik buah, létah dielélkeun.  Dungdak déngdék hareupeun kaméra hapé. Kabéh gaya  ditamplokeun. Nyieun tiktok ngaliwatan aplikasi likee. 

Bosen maén tiktok pindah kana gim kitu wé piligenti. Mimiti kesel.

“Bu….”

“Hemmm.” Ibu nu pakepuk di dapur ngarérét.

“Ka bumi Dini nya?”

Ibu gideug teu panuju.

“Sakedap atuh, Bu. Tugasna sadayana tos dikerjakeun tos dikirimkeun ka bu guru. Nya, Bu da geulis atuh Ibu mah.”

Indungna mesem. “Teu kenging. Sok calik wé di bumi.”

“Atuh da bosen.”

“Dangukeun, sadayana gé teu kenging ka luar. Kedah calik di bumi. Sami Dini ogé ku mamahna teu kénging ka luar.”

“Muhun. Matakna Réga mah badé ka bumi Dini. Pan aman calik di bumi. Moal ka mamana Bu. Pliis.”

“Saur ibu teu kénging. Titik.” Ibu rada nyureng.

“Ku naon sih sadayana ngalarang ka luar.” Réga  ceurik. Keuheul nataku ka indungna.  Padahal Dini téh sobatna.  

“Sok nelepon wé ka Dini.” Ibu nyarita leuleuy mikeun hapé ka Réga.

“Aliiim.  Réga mah hoyong pendak.” Réga ngagadeud.

“Upami Dini kersa ka dieu sok.” Walon indungna.

“Horéé.” Réga nyusut cipanon. Nyokot hapé tina leungeun indungna.

“Diniiii. Nuju naon?”

“Maén gim juma. Réga nuju naon?” 

“Nuju nelepon. Héhé.”

“Diniii. Réga hoyong ka bumi Dini. Ngan ku Ibu teu diwidian. Dini ka dieu atuh ameng ka Réga. Réga hoyong pendak.”

“Dini gé teu kenging ka mamana ku Mamah. Saur Mamah kedah di bumi.”

“Ih, naha nya, ortu kita beut sami nyariosna.”

“Ke, mun teu aya korona tiasa pendak cenah.”  

“Bu, ku naon sih beut sadayana teu kénging ka luar. Dini, Cindy. Ku Réga diteleponan téh sami cenah teu kénging ka luar.”

“Kumargi nuju aya pirus korona. Upami ka luar bilih aya nu eutreup heug tépa.”

“Kantun minum obat atuh. Pan damang.”

“Ieu mah teu acan aya landongna geulis.  Urang moal katépaan lamun tiasa ngajaga kabersihan. Salah sahijina ku cara ngajaga jarak. Hartosna teu pependak heula sacara langsung sareng réréncangan sareng wargi. Intina kedah calik heula di bumi. Ibu gé sami hoyong pendak sareng Bi Eutik, Wa Ai.  Ngan wayahna ayeuna mah tong waka pendak. Bisi aya pirus korona.”

“Jahat atuh korona téh nya, Bu. Padahal téwak gera.”

“Muhun, mun katingal mah ditéwak. Ieu mah pan teu katingal.”

“Jaba lami kénéh liburna. Réga tos sono ka réréncangan. Hoyong main bola di lapangan, uucingan. Gara-gara korona, Réga dikerem di bumi.”***

Kintunan:

Nina Rahayu Nadéa

Bandung