Barang gawé téh kudu sing apik, sing tarapti. Diimeutan bisi aya nu salah. Tapi kumaha mun keur riweuh? Pikiran ngarancabang kudu nganggeuskeun sababara pagawéan babarengan. Tungtungna mah matak wirang, éh ngawiwirang batur kétang. Hihihi.
Jadi pangeusi sekretariat kateumbleuhan narimaan pakét. Komo usum balanja online 11.11 atawa 12.12. Teu sirikna pakét nu datang ka kantor téh jul jol ti mamana. Komo Kang Férdi mah dina sapoéna téh nepi ka narima lima pakét. Teuing rék dikumahakeun, maenya deuk diduruk mah asa pamohalan. Heuheu.
Tapi Kang Férdi mah bageur. Mun aya pakét téh ukur nanyakeun, cukup ku dijawab aya gé geus nganuhunkeun. Tapi nu lainna mah sok riweuh, rajeun guménak. Meureun asa meunang kado ulang taun wé. Kaciri tara diulantaunkeun ku kolotna téh. Hahaha.
Hiji waktu, pukul salapan isuk-isuk, geus datang kurir nu nganteurkeun pakét salima-lima. Nu Kang Férdi aya kana tilu pakétna, bararadag, dipisahkeun wéh da ngaheurinan méja. Tinggal dua deui nu dikérésékan hideung. Sarimbag wadahna mah. Tapi béda ngaran, nu hiji mah keur Kang Héndra, hiji deui Téh Tati. Dibéjaan wéh duanana gé yén aya pakét.
“Déd tiasa pakét téh dikintunkeun ka Hotél Karya Mustika?” ceuk Kang Héndra.
Duh ngagawékeun. Maenya wé ninggalkeun secretariat. Ari ditolak bisi bendu. Digugu asa nyosok jero.
“Wios upami teu tiasa mah kana Go Send wé. Gaduh aplikasina?”
“Muhun, Kang. Saéna mah kitu. Sakedapnya cuang pesenkeun heula.” Témbal téh. Gentak ngulik aplikasi Gojek.
Keur ngeusian kolom téh kurunyung Pa Sunardi. Ngarurusuh titah nyieun surat tugas. Atuh kolom téh can kabéh kaeusian da kaburu migawé nu si bapa kumis arit.
“Anggaran nu bulan ayeuna, print deui. Bapa butuh nu kamari ical.” Geus torojol deui ti Pa Winarta.
“Éh, Déd, pangmindahkeunlah ieu data dina kartu mémori kaméra. Lain kunanaon bisi pinuh keur dipaké,” ditema ku Pa Atang.
Riweuh nu mana heula. Can Kang Héndra neleponan. Tungtungna mah ngaladangan nu leuwih tiheula wé. Kolom Go Send dieusian kabéh. Sabot nunggung driver ngeureuyeuh nu Pa Sunardi. Tapi kilat, pagawéan éta can anggeus, driver geus ngabaran aya di hareupeun kantor.
Cokot pakét, jrut turun. Leumpang nyampeurkeun driver. Pakét dikirim. Kuring ka luhur deui nganggeuskeun nyieun surat. Terus ngaprint rincian anggaran. Disambung mindahkeun foto. Sabot dikopikeun téh aya WA ti Kang Héndra.
“Déd, Alhamdulillah pakét téh tos dugi, nuhun.”
Kuring némbal sapereluna baé.
“Muhun, Déd. Tapi naha ieu nu sumpingna?” témbalna téh bari ngirim foto rupa-rupa cangcut, aya nu talina ti sisi, aya deuih ngan nutupan saeutik, terus nu digambaran kupu-kupu, ah pokona rupa-rupa.
Kuring reuwas campur hayang seuri. Barang dirérét pakét hiji deui, Gusti gening salah mikeun ka driver. Éta mah pakét nu keur Téh Tati. Duh Kang Héndra deuih teu dibaca heula langsung maén nyoéhkeun.
“Akang téh rusuh, Déd. Soalna hoyong nganggo dasi éta dina acara seminar téh matak miwarang gé. Ari nu sumping dasi kanggo di lebet lancingan.” Ceuk Kang Héndra dina WA-na ditungtungan ku emoticon seuri.
Dédéd Surodéd
Singaparna, Tasikmalaya