Nasution Co

Jadi Irit Jeung Baju Lebaran

JADI IRIT

Lebaran ayeuna mah Apip henteu baluweng lantaran emol tarutup. Manéhna gé moal ngahuleng lila mun deuk mahugi Yetti, kabogohna.

Yetti: “Aa’ hatur nuhun pakétna tos dugi,”

Apip: “Muhun sami-sami,”

Yetti: “Naon eusina téh, A’?”

Apip: “Ah, upami diwartosan mah sanés gé kejutan.”

Yeti muka pakét. Bral téh eusina makser saboks. “Aa’ maenya lebaran téh nu anyarna ukur masker? Émang bade dianggo sadayana?”

Apip ukur males ku emo seuri.

 

Win Sumarni – Jatinangor, Sumedang

 

ULAH DIPAKÉ

Gara-gara Covid-19 silaturahmi gé jadi ragap. Aya nu maké masker jeung sarung tangan, aya deuih nu sasalamanana teu paanteul. Atep jeung Jali gé padungdengan antara maké masker atawa ulah.

Atép: “Maké manéh téh bisi katépaan Corona,”

Jali: “Mun maké masker mah éta tanda nampik,”

Atép: “Nampik naon?”

Jali: “Nampik panyuguhan tuan rumah. Deuk bisa ngaremus kumaha ari baham ditutupan mah!”

 

Vina Winarti – Kasomalang, Subang

 

BAJU LEBARAN

Salaki jeung pamajikan keur guntreng ngobrolkeun baju lebaran nu hese dibeulina keur usum korona siga ayeuna mah.

Salaki: “Lantaran teu bisa kamana-mana, wayahna nya tong hayang baju lebaran?”

Pamajikan: “Atuh teu apdol lebaran teu make barang anyar mah?”

Salaki: “Apan aya nu anyarna oge!”

Pamajikan: “Har, naon tea?”

Salaki: “Eta maskerna. Malah apan unggal poe ganti nu anyar mamah mah!”

 

Yadi Suryana – Ibun, Majalaya

 

BAJU URUT

Mang Ihin ngarahuh ka sobatna, lantaran lebaran taun ieu mah manehna bakal make baju urut cenah.

Mang Ihin: “Sedih Wa, lebaran taun ieu mah kuring pasti bakal make baju urut!”

Wa Dedi: “Bae wae atuh, sarerea oge keur usum korona kieu mah da raripuh. Uyuhan atuh bisa keneh dahar jeung make oge. Baju urut mana nu rek dipake jang poe lebaran teh?”

Mang Ihin: “Ieu WA…” (bari nembongkeun bajuna nu masih diplastikan jeung aya capan keneh).

Wa Dedi: “Har, geuning ieu mah baju anyar?”

Mang Ihin: “Baju urut Wa. Urut ngajaran basa kamari meulina.”

 

Yadi Suryana – Ibun, Majalaya

 

CICING DI IMAH

Salaki: “Horeng karesel nya lila-lila teuing cicing di imah teh. Mun terus-terusan mah palaur akaran wae ieu bakat ku karesel!”

Pamajikan: “Leuheung hui mah akaran teh ngahasilkeun!”

Salaki: “Atuh da apan Nyai oge apal, kantor Akangna oge tutup, rek gawe naon?”

Pamajikan: “Kebon barala, sawah gamblung, cai saat. Ku sorangan wae atuh keur usum kieu mah ulah hayang muruhkeun wae. Cenah karesel euweuh gawe!”

 

Medi Hartono  – Tanjungsari, Sumedang

 

NGABUBURIT

Ade: “Ripuh taun ieu mah ngabuburit teh!”

Adi: “Ripuh kumaha kitu?”

Ade: “Enya, apan ngabuburitna di imah wae, teu bisa kamamana.”

Adi: “Atuh tong cicing di tengah imah matakna!”

Ade: “Ari kitu kudu kamana atuh?”

Adi: “Ka dapur, ka kamar, ka buruan, ka pipir imah, ka suhunan, ka kolong imah!”

 

Medi Hartono  – Tanjungsar, Sumedang

 

BUKA

Abay: “Buka wé  daripada ngaléléhék kitu mah… !”

Koko :”Kira-kira atuh kakara gé  jam dualas kudu geus buka..”

Abay :”Lain buka puasa maksud déwék mah éta baju nu dibuka téh terus mandi sakalian shalat…!”

Koko :”Oo…ooh”

 

DIN – Tasikmalaya 

 

PUASA

Orin :”Nok gening énté siga nu teu puasa…?”

Enok :”Gagabah énté mah nyangka teu puasa, yeuh sayah mah daripada kudu batal puasa mah kajeun ngagolér kamerekaan….!!”

Orin :”Hi..iih dasar nu weureu….?!!”

 

DIN – Tasikmalaya