Nasution Co

Jaga Jarak Jeung Si Korona

JAGA JARAK

Lantaran sasalad korona, unggal jalma ogé dipahing padeukeut, kudu anggang alias jaga jarak téa. Ngan éta téh jadi kasempetan keur Neng Maemunah mah nu ijid ka kabogohna Jang Adul pedah kapanggih chating jeung popotonganana.

Jang Adul: “Néng, naha sih ayeuna mah embung diajak ulin?”

Néng Maemunah: “Ih… apan aya himbauan ti pamaréntah, teu meunang padeukeut jeung ulin-ulinan keur korona kieu mah!”

Jang Adul: “Enya, ngarti teu bisa ulin mah. Geuning ayeuna mah dichat ogé lila nembalanana?”

Neng Maemunah: “Apan  kudu jaga jarak, keur korona apan ieu téh!”

Jang Adul: “???”

 

Kiki Surtini – Cibiru, Bandung

 

SI KORONA

Aya mojang jeung  jajaka nu geus lila pajauh, geus jangjian lebaran ayeuna téh baris panggih bari silih lubarkeun kasono. Niatna hayang terus unggah ka balé nyungcung.

Néng: “Kacida pisan Si Korona!”

Aa: “Enya puguh, Néng!”

Neng: “Teungteuingeun nya, A. Urang téh apan lebaran ayeuna rék tepung!”

Aa: “Puguh éta pisan Néng. Aa jadi teu bisa mudik, apan dipahing ku pamaréntah. Matak bingung ieu lelepen keur Néng téh kedah dikumahakeun!”

Néng: “Simpen heula atuh Aa. Ké bérés Si Korona nyingkah, apan Aa kantun mulang bari teras nepangan Néng.”

Aa: “Nyaéta puguh. Aa téh tos jangji ka sepuh, lebaran ayeuna baris nyandak minantu. Janten weh ieu lelepen téh meulit dina jariji nu sanés.” Telepon ditutup.

Neng: “Naon Aa? Nu leres eta? Aa? Halow Aa? Aa… Aaa… Aaaa…”

 

Kiki Surtini – Cibiru, Bandung

 

ATOH MAKE MASKER

Jang Dedi jeung Cep Kohar keur guntreng ngobrol ngeunaan puasa maranehanana.

Jang Dedi: “Emh, asa difasilitasan wae nya, bulan puasa mamake masker?”

Cep Kohar: “Naon maksudna ari maneh?”

Jang Dedi: “Eta maneh geuning make masker?”

Cep Kohar: “Apan mahing sasalad korona deuleu ieu teh!”

Jang Dedi: “Alah alesan maneh mah. Buka geura maskerna, pasti da keur ngolomoh permen!” 

Cep Kohar gideug. Tapi keukeuh dipaksa ku Jang Dedi. Bener wae geuning.

 

Lili Suparli – Tanjungsari, Sumedang

 

TARAWEH

“Alhamdulillah, sok sanajan aya sasalad korona oge kuring mah bisa solat taraweh berjamaah!”

“His! Sok lalawora kitu. Apan teu meunang. Di imah wae keur usum sasalad kieu mah. Komo apan daerah urang teh kaasup kana zona merah nu ayeuna keur dilarapkeun PSBB alias Pembatasan Sosial Bersekala Besar. Naha wawanian solat taraweh berjamaah ari maneh?”

“Ih… dengeukeun heula atuh. Apan uing solat taraweh berjamaahna oge di imah. Berjemaah jeung anak pamajikan!”

 

Lili Suparli – Tanjungsari, Sumedang

 

PAUR KU BATUR

Ceuk béja mah PSBB téh bakal diteruskeun mun euweuh parobahan tina nurunna angka pasén Corona. Iwan jadi hariwang, lantaran mun parat nepi ka Sawal téh manéhna moal bisa nganjang ka calon mertua.

Iwan nga-Wa Yogi: “Paur pisan euy mun PSBB nepi ka Sawal,”

Yogi: “Bener, ékonomi bakal beuki ripuh.”

Iwan: “Haté aing gé bakal ripuh,”

Yogi: “Aslina, Wan?”

Iwan: “Paur kabogoh aing ditanyaan ku batur wé, mangkaning geus pada nyirian ku pamuda di lemburna.”

Yogi: “Jir, éta mah leuwih parah ti positif kopid!”

 

Oktaviana – Singaparna, Tasikmalaya

 

DIPAKÉTKEUN

Kasno teu bisa balik ka lemburna. Oléh-oléh nu tadina rék dibawa balik téh jadi deuk dipaké jang Lebaran di pangumbaraan. Kring téh aya telepon ti kolotna.

Kolotna: “Wayahna nya Jang ulah waka mulang.”

Kasno: “Muhun, Ma. Duh hanjakal, ieu tos barang pésér kanggo candakkeun ka lembur.”

Kolotna: “Atuh patumpuk nya di kontrakan Ujang?”

Kasno: “Muhun, lumayan wé kanggo Lebaran di lembur batur.”

Kolotna: “Tos wé supados teu ngaheurinan mah oléh-oléhna dipakétkeun. Ujang teu uih gé aya oléh-oléh mah.”

Kasno nepak tarang.

 

Viani Sahara – Kawali, Ciamis