Nasution Co

Ku: Yosep

 

Imah agréng téh karasa geueumanana. Témbok jangkung jeung perhiasan antik ngadadak lir dieunteupan mahluk teu pararuguh. Jam kai klasik tik-tek jarumna atra. Asa beuki simpé. Hiuk angin di luar kadangu beuki tarik. Anjing babaung siga anu ngadeukeutan.

Kuring peureum hayam bari terus dikir. Sabisa-bisa henteu ébat. Mang Asip kapireng tenang, semu peureum bari biwirna gegereyeman. Kang Odob beuki guligah. Katingalina kitu salah kieu salah. Késang renung dina tarangna. 

Dikir téh asa pabeulit. Ngagebeg basa hawar-hawar sora kuda ngahiem. Tuluy kotoplak-kotoplak talapokna. Rey bulu punduk. Listrik reup-bray terusna meredong. Héos sora angin asa nebak kana beungeut. Sora anjing babaung sada di hareupeun imah. Rey sabulu-bulu. Hayang mah ngagajleng, nyumput tukangeun Mang Asip. Tapi teu wasa ku kakolotan.

Ampir waé ngagorowok basa panto sada muka. Angin beuki tarik jeung bau teu pararuguh. Ngong sora handaruan tapi ngirung, “Ngaing nagih jangji…!”

Kieu mimitina mah:

Keur ngayuman areuy hui jeung Mang Asip basa budak datang téh. Aya tamu cenah. Ti kota. Maké mobil alus. 

“Mang, kumaha, nya?” ceuk kuring. 

“Jig wé rék balik heula mah. Bisi penting deui ari ti kota mah,” témbal Mang Asip.

“Siap, Mang. Tamuna balik mah kuring ogé ka dieu deui.”

Kitu biasana ogé. Ari aya perlu téh, gawé bisa silihselangan. Pa Haji Adung, bandar hui tempat kuring jeung Mang Asip gawé, tara nanaon mun aya pagawéna aya perlu téh. Asal kebon kaperhatikeun, gudang kagawéan, warung kaeusian. Atuh pagawéna,welasan urang anu matuh maksud téh, tara aya anu kulir.

Reuwas mah puguh. Henteu nyangka sacongo buuk. Henteu nyangka tamu téh Kang Odob. Da puguh rarasaan téh geus moal panggih deui. Geus béda kelas, béda babad, béda tahapan. Dina kaparengkeun panggih ogé biheung nanya. Ari kuring, geus pasti rengkag-rengkog réa kasieun. Sieun ituna lingsemeun, sieun henteu suka, jeung sieun séjénna.

Puguh geus aya kana sapuluh taunna atuh henteu panggih. Baheula mah, enya baheula mangsa kuli di peternakan hayam di Cianjur, Kang Odob téh henteu saukur tatangga jeung batur sapakulian. Tapi raket, midulur jeung misobat. Dapur kuring dapur Kang Odob, rejeki kuring rejeki Kang Odob, kitu ogé sabalikna; lain saukur babasan.

Kuli di peternakan hayam téh henteu laluasa. Gajihna nahap-nahapkeun manéh ngarah cukup sabulaneun téh. Kitu ogé kabantuan ku pepelakan di sakuriling kandang. Pamajikan jeung barudak katingali kurang kaurus téh, boh dahareunna boh pakéna. Puguh lain peternakan gedé tempat gawé téh. Harita kuring geus boga dua budak, ari Kang Odob kakara saurang. Kuring nyebut akang téh pedah saluhureun, enya ogé ukur géséh dua taun. 

Maksakeun gawé di peternakan téh bané waé teu kudu mikiran kontrakan imah. Aya bangunan manjang anu terusna diréhab jadi siga imah. Tengahna disekat, dieusian ku kuring jeung Kang Odob. Basa peternakan téa bangkrut pisah téh. Pa Karna, anu gaduh peternakan, karunyaeun ogé ka kuring jeung Kang Odob. Tapi kumaha deui, anjeunna ogé cenah keur kariripuhan lantaran sababaraha kali panén rugi.

Kuring mah terus kuli sagawé-gawé di pasar Caringin, Bandung. Panggih jeung Mang Asip anu mindeng nganteurkeun hui ka bandar Caringin. Basa ngajak kuli di Pa Haji Adung téh kuring giak naker ngaenyakeun. Ari ku Pa Haji, sabada terangeun kuring geus kulawargaan, diperenahkeun di saung salah sahiji kebonna. Saung téh dibebenah nepi ka jadi imah anu ceuk kuring alus jeung weweg. Alhamdulillah, ampir dalapan taun kuring kuli di Pa Haji Adung di kampung Cilembu, Sumedang, téh.

Ari Kang Odob ti pisah ogé henteu panggih deui. Nyaho béjana téh basa maca dina koran urut keur bungkus hui, aya potrét Kang Odob di hareupeun warung basona. Jadi pengusaha suksés Kang Odob téh. Warung basona ogé ngawelas. Kuring kungsi mapay ka bumina di Ciwastra, Bandung. Tapi matak éra anu namu. Imah anu alamatna ditulis pagawé warung baso téh agréng alahbatan imah dines gubernur anu aya kolam renangan. 

Asa-asa mencét bél dina pager beusi jangkung téh. Pikiran mah beurat rék balik deui. Tapi panasaran, ingeteun henteuna mah ka kuring kumaha engké, bél téh dipencét. Asa ngemplong basa pembantu anu kaluar téh nyebutkeun Juragan Odob sakulawarga nuju pakanci ka Singapura, saminggu cenah. Harita kuring nuliskeun ngaran jeung nomer hp dina keretas salambar. Tapi henteu kungsi aya telepon atawa béja ti Kang Odob. Lila-lila mah kuring ogé poho ka Kang Odob téh.

Matak reuwas basa pasosoré anjeunna namu téh. Kang Odob nangkeup, tapi karasa asa-asana. Kuring nya komo deui. Sanggeus ngobrol basa-basi, ari pék ngaharéwos, matak reuwas: “Akang téh hayang ngobrol, tapi duaan, ngan urang duaan.”

Kuring neuteup Kang Odob bakat ku teu ngarti jeung reuwas, naon atuh perluna? Kakara kaperhatikeun, Kang Odob téh sigana keur manggih karerepet. Pakéan aralus, sareungit, pameunteu beresih; tapi henteu kitu jero-jerona mah. Ngobrol téh di saung kebon. Dongéngna matak reuwas, kukurayeun, jeung muringkak saawak-awak. Kieu dijojo gancangna mah:

Sabada gawé di peternakan hayam téa, Kang Odob mah ngalaman hirup leuwih walurat. Mindeng cenah kapaksa puasa bari budak-pamajikan ogé daharna téh alakadarna. Nyeri nandangan nanasiban siga kitu, Kang Odob kapoékan bet unggeuk basa dituduhkeun ka pamunjungan. Jangjina, Kang Odob dibéré kabeungharan tapi budak anu keur dikandung pamajikanana sanggeus umur 5 taun bakal dibawa ku si jurig. Tah, minggu hareup cenah budak lima taunna téh.

Tangtu waé mimiti mah kuring henteu percaya. Ieu téh taun 2019, mangsa dunya dideukeutkeun ku ramatloka. Mangsa sagalana téhnologi. Saha anu ngawasa téhnologi tinangtu hirupna sugih, saha anu euweuh kanyaho siga kuring nya saukur buburuh tanaga. Tapi arék henteu percaya, apan Kang Odobna ogé aya hareupeun. Ngadongéng bari ngarahuh jeung sakapeung ngagukguk.

“Abdi téh reuwas, muriding nguping dongéng Akang. Tapi ogé bingung, apan abdi mah henteu apal nanaon anu kararitu mah,” pok téh sanggeus salila-lila hareugeueun.

“Akang gé bakat ku bingung ngadongéng ka Asép téh. Sugan wé atuh Asép mah aya kawawuhan. Apan baheula ogé Asép mah getol solat,” cenah.

Duka kumaha kuring bet terus inget ka Mang Asip. Lain ustad anjeunna téh. Tapi sapopoéna idek liher di musola. Lohor, asar, keur gawé gé nyelang ka musola. Magrib nepi ka isa aya di masjid. Subuh tara elat berjamaah. Ngaderes Qur’an apan unggal tas solat. Magrib nepi ka isa mah malah tara eureun, kajeun sorangan. Kuring ogé apan bisa narabas Qur’an téh diwurukan ku Mang Asip.

Basa didongéngan téh Mang Asip ogé bet ngahuleng. Tapi sanggeus lila mah pokna téh, “Bisi enya éta jurig téh nagih. Bismillah wé urang lawan.”

Kitu pangna kuring tiluan jeung Mang Asip katut Kang Odob aya di imah agréng pikakeueungeun téh. Budak jeung pamajikan Kang Odob diungsikeun ti kamari kénéh. Ngahaja dariuk dina karpét di tengah imah. Ti mimiti Mang Asip ngawawadian ka kuring jeung Kang Odob: dikir wé, babacaan sabisa-bisa. Tong galideur, tong kapangaruhan ku naon-naon. Ihlas, pasrah, sumerah ka Alloh Anu Mahakawasa. Inget ka dinya, anu puriding-puringkak dina awak téh mimiti laleungitan.

Inget-inget téh basa aya anu nepak tuur. Bray beunta, lampu caang. Mang Asip seuri, késang ngagarajag dina pameunteuna. Kang Odob sepa, ngayekyek, teu ngajawab waktu ditanya gé. Duka naon anu kajadian tadi. Ngan ceuk Mang Asip, geus aman cenah. Jurig téh kalabur. 

Isukna kuring jeung Mang Asip baralik. Kang Odob éta ogé hayangna mah dibaturan sapoé-dua poé deui mah. Tapi diwawadian ku Mang Asip, mun aya nanaon mah nélépon waé. Tapi sapoé-dua poé, saminggu dua minggu, henteu aya télépon téh. Aman meureun, Kang Odob teu ku nanaon deui.  Tapi sabulan ti harita, Kang Odob datang sakulawarga. Laleumpang nikreuh mapay jalan lembur. Baju karuleuheu, disarendal capit. Kang Odob ngajingjing tas, budakna nu umur 5 taun ngagandong tas rangsel butut, pamijakanana ngajingjing pelastik.

“Akang téh inget kasauran Mang Asip, mun hayang diajar ngaji mah ka dieu waé. Bari sakalian rék nuturkeun sagawé-gawé,” pokna téh bari pameunteu alum.

Tangtu waé kuring teu ngarti. Apan Kang Odob téh beurat beunghar. Juragan Odob atawa Boss Odob disarebutna ogé ku tatangga jeung pagawéna mah. Pabrik baso nepi ka meuncit sapi sorangan unggal poé téh, warung baso belasan, imah aya limana. Rumah makan dua apan sakitu lalega laluasana. Mobil méwah harga miliaran rupiah aya tiluna, misah ti mobil pakéeun sapopoé jeung mobil usaha. Sawah, kebon, balong, héktaran legana. Naha siga anu walurat kitu? Naha disumbangkeun atawa dikamanakeun?

“Sigana dibawa deui ku si jurig. Da ngan sakotéap laleungitan deui,” ceuk Kang Odob.

“Dina waktu sabulan, Kang?” 

“Enya. Da kitu basa meunangkeunana ogé. Keur ngahuleng di sisi jalan ujug-ujug aya anu minangsaraya mangjualkeun imah harga saratus juta rupiah, isukna imah téh aya anu meuli dua ratus juta. Babari jeung teu disangka,” cenah. “Leungitna ogé kitu. Aya nu maok, ngarampog, kahuruan, ngahipnotis rekening ledis ditransferkeun ka batur. Anu maksa ngajual imah, mobil, kebon, balong, bari hasilna béak deui sakotéap. Tungtungna anu nyésa pakaya baheula waé, papakéan anu untungna henteu dipiceun da itung-itung panineungan.”

Kuring molohok. “Ari kapungkur waktu perjangjian, apan nu kitu mah cenah sok menta wadal, naon anu ku Akang dipasihkeun?” pok téh bet panasaran.

Kang Odob reuwas. Ngahuleng sababaraha lila. Goak téh ceurik bari nungkup beungeut ku leungeunna. “Hampurraa Cikal, hammppurraaa…,” cenah semu eueuriheun.

Rey téh saawak-awak kuring muriding. Haté mah ngarakacak. Deudeuh teuing…. ***

 

Sumedang, 21 Desember 2019

 

Katerangan:

Seratan Puriding Puringkak nu judulna Lalakon Sobat karya Yosep kantos medal di Manglé No. 2763.