Nasution Co

Leungiteun Jeung Matak Bosen

LEUNGITEUN

Masarakat masih teu narima di bulan puasa, masjid teu bisa dipaké ibadah lantaran teu meunang ruang-riung. Adul jeung Udus gé kaciri hanjeluna téh.

Adul: “Nyéta bulan Romadon téh sono ku ibadah di masjid. Éh lantaran si Kopid jadi kudu ibadah di imah.”

Udus: “Uing gé sarua, aya nu leuwih handeueul ti éta,”

Adul: “Na, handeueul kunaonna kitu?”

Udus: “Teu bisa nyoro tajil. Jadi kudu meulian,”

Adul: “Manéh mah kana dahareun wé.”

 

Wina Larasati – Lélés, Garut

 

MATAK BOSEN

Samar cabak puasa mah. Béda jeung poé biasa, mun cul tina hapé téh terus kakaratak kana dahareun. Ari ieu mah wayahna balem saacan ngong adan magrib. Tungtungna mah hapé keur dicas gé dipaké cétingan, cara Dudi jeung Irwan.

Dudi: “Bosen kieu waé unggal poé téh,”

Irwan: “Hudang saré, nyoo hapé, solat, saré, nyoo hapé. Paur jadi gantar wé awak téh.”

Dudi: “Bener jadi sadar ayeuna mah uing téh,”

Irwan: “Sadar kana naon?”

Dudi: “Susah gening jadi pangedulan téh.”

Irwan: “Dasar belekok!”

 

Viana Derwati – Ciranjang, Cianjur

 

CORONA 1

Kabayan : “Cenah di lembur urang aya nu geus katerap Corona.”

Iteung     : “Di imah ieu gé aya!”

Kabayan : “Saha ari manéh gagabah nyarita téh, Sarteung?”

Iteung     : “Apan di dinya nu corona téh, geuning hésé méré duit balanja.”

Kabayan : “Lain corona ieu mah… tapi korét labina-bina!”

Iteung     : “Tuh, rumasa ning!”

 

Komsut – KBB

 

CORONA 2

Lamsijan nyampeur ka imah Kabayan. Duanana tukang kiridit.

Lamsijan : “Kabayan, hayu urang liar, nyiar kipayah!”

Kabayan  : “Apan mangsa lockdown, teu meunang bijil!”

Lamsijan  : “Puguh kesempatan, méh nu ditagih keur aya ngajaredog di imahna!”

Kabayan  : “Aéh, heueuh, nya. Hayu atuh!”

 

Komsut – KBB

 

DITAKSIR

Aki Amin : “Geus lila bobogohan jeung incu aki?”

Nunuy : “Lami, sataun,”

Aki Amin : “Sakali-kali salingkuh teu nanaon,”

Nunuy : “Moal ah Ki. Barina oge selingkuh sareng saha abdi?”

Aki Amin : “Jeung aki. Aki oge bogoh,”

 

Abdul Kohar – Cipaku, Ciamis

 

PUASA KORONA

“Uing mah yakin bulan puasa mah korona teh baka ngurangan, malah bisa jadi calageur nu kakeunaan ku korona oge.”

“Wah, maenya. Naha maneh bisa yakin 100% kitu?”

“Apan bulan puasa. Ari kangaranan bulan puasa mah kabeh paruasa. Sugan wae atuh si korona oge milu puasa.”

“Enya wae da korona teh jelema. Sok diajar ngaco!”

 

Satria Hambali – Ciaul, Sukabumi

 

USUM

“Turaes mah geus raeng disarada di ditu di dieu, ngan hujan oge angger wae kalah ngecrek?”

“Keun bae rek usum hujan rek usum halodo oge, aya usum nu leuwih penting sangkan geura-geura nyingkah.”

“Enya bener. Usum sasalad korona sing geura nyingkah!”

 

Satria Hambali – Ciaul, Sukabumi

 

MINGGU KAHIJI

“Karek oge minggu kahiji bulan puasa teh, tapi asa karasa beuratna bulan ayeuna mah!”

“Pasti gara-gara beurat ku panyakit corona da? Geus pasti eta mah pan?”

“Aya nu leuwih ti eta!”

“Naon?”

“Beurat teu bisa solat berjamaah jeung taraweh babarengan!”

“Beurat ngadu ibadah jeung minantu ustad mah duh!”

 

Dudung Romansyah – Sukaregang, Garut

 

KORONA JEUNG KOKORO

“Ayeuna aya sasalad korona. Dina basa Sunda aya kokoro. Horeng duanana boga hubungan nu raket. Lain wae tina ngaranna nu sarua, komo palebah kokona, tapi oge apan kulantaran aya panyakit korona pasti mawa kokoro ka ampir sakabeh jalma, nu di phk mah, nu kalaparan mah, duh. Korona nu matak mawa kokoro tea ieu ngaranna.”

 

Dudung Romansyah – Sukaregang, Garut