Ku: Agus R Munggaran
Lembur Amba geunjleung. Kraéng Sius geus dua peuting teu mulang ti kebonna. Ditéang ku anakna ka kebon teu nyampak, ukur sarung songkéna ngalumbruk dina palupuh saungna.
Saenyana mah sok dicarék ku bojona Kraéng Sius ngéndong di saung kebonna téh. Lain pédah ku geus kolot, tapi pangpangna mah ku bedegongna nu sok ngeureuyeuh nginum arak. Unggal ka kebon teu weléh mekel arak nu di wewengkon Flores disebuk moké, da puguh ari di imah mah sok dicarék.
Tapi nyakitu téa, ku bedegongna karesep kana nginum mokéna hésé pisan dieureunan. Ngabélaan sok susulumputan, nya minangka nu sok dijadikeun alesan téh paribasa rék ngéndong di kebon. Basana mah melang, pepelakan bisi diranjah sasatoan. Basa kamarina indit ka kebon gé alesanna sarua. Angger teu beunang dicarék, maké jeung susumpahan sagala yén moal mekel arak.
Urang lembur geus ngariung di Rumah Gendang atawa rumah adat, hayang nyaho kumaha kaputusan Tua gendang atawa tua adat ngeunaan ieu kajadian. Jol lalaki tengah tuwuh, Kraéng Pridus. Nu ngariung nyingray méré jalan ka nu anyar datang bari katempo alajrih naker. Pantes karituna téh da Kraéng Pridus téh kaasup pamangku adat anu pada ngahargaan.
Di jero imah gaeus aya sababaraha urang kokolot lembur. Kraéng Gordi salaku Tua gendang jalang-jéléng di jero imahna, nu anyar datang teu lemék. Teu lila blus ka pangkéngna, Kraéng Pridus surti tangtu Tua gendang rék mujasmédi sangkan meunang pituduh ngeunaan Kraéng Sius nu teu puguh laratanana. Da geus kitu biasana, mun aya kajadian sarupa kieu téh sasat jadi tanggung jawab Tua Gendang. Kituna téh lantaran salaku Tua Gendang geus pasti mibanda kamampuhan linuwih anu di ieu wewengkon disebut ‘mbeko.’
“Cilaka! Kraéng Sius kasarad ku Fotiwolo. Urang kudu geuwat ka leuweung tutupan Waé Sambir.” Pokna sanggeus ka luar ti kamarna. Saréréa silihrérét, sebér ngadéngé ucapan Tua Gendang.
Fitowolo, saha nu wani nyanghareupanana najan can aya nu kungsi nempo jirimna gé. Ukur béja pabéja-béja, Fotiwolo téh hiji mahluk gaib nu pikasieuneun. Nu ngageugeuh leuweung tutupan Waé Sambir.
“Wayahna anjeun kudu milu jeung kuring, ayeuna kénéh. Ajak saurang mah keur maturan.” Ceuk Tua Gendang satengah maréntah. “Sakalian mawa hayam jajangkar hideung. Urang ngayakeun wajo manuk di ditu.” Wajo manuk téh ritual ku cara meuncit hayam anu tujuanana pikeun susuguh keur para luluhur. Biasana mah ieu hal téh diayakeun sangkan meunang pituduh mun sakalieun aya karerepet.
Sanggeus sagala kaperluan kumpul, bring saréréa ngajugjug leuweung tutupan Waé Sambir. Nu duaan angkaribung ku babawaan, mekel ajanganeun susuguh sapuratina. Kulantaran garancang leumpangna teu lila geus anjog ka wates leuweung tutupan.
Reg saréréa areureun di saung nu teu dipipindingan handapeun tangkal kosambi nu puhuna méh sagedé beuteung munding, daunna ngaroyom ngahieuman éta patempatan. Tuluy Tua Gendang jeung batur-baturna arasup ka saung.
Di jero saung Tua Gendang menekung nyanghareupan susuguh bari ngagerenyem ngarekéskeun pamaksudanana. Sanggeus kitu mah kécécét hayam hideung téh dipeuncit dihandapeun saung. Getihna diucrat-acrét ka sakuriling tangkal.
“Geus jauh cenah Kraéng Sius dibawana ku Fatiwolona téh.” Ceuk Tua Gendang semu nu ngaheruk.
“Kudu kumaha atuh urang nulunganana, Kraéng?” Ceuk Kraéng Pridus kawas nu bingung.
“Nya euweuh deui carana mah, urang kudu di dieu heula. Urang peredih sangkan Kraéng Sius gancang dipulangkeun,” ngomong kituna téh bari jung nangtung. Tuluy ngurilingan tangkal kosambi, geus kitu mah kalacat deui ka jero saung ngadon menekung deui.
**
Poé mimiti reup-reupan. Reungit mimiti napuk bari singharieng deukeut ceuli. Kraéng Pridus mimiti ngadurukankan pangpung jeung kalakay nu balatak di dinya, ngarah teu meredong teuing sakalian muput reungit. Geus kitu mah sup deui ka saung, ngadon anekak sila tukangeun Tua Gendang.
Sabudeureun saung meredong ukur kacaangan ku cahaya tina durukan. Sora sasatoan leuweung mimiti kadéngé patémbalan, nambah geueuman. Jep sora sasatoan, sakedapan jempling. Teu lila ti jero leuweung tutupan hawar-hawar sora tatabeuhan kedindi, tatabeuhan buhun nu arang langka dipaénkeun deui jaman kiwari. Beuki lila beuki ngajauhan nepi ka lesna pisan.
Salesna sora tatabeuhan sasatoan leuweung kapireng disarada deui, ngan sorana laun semu nu humarurung. Bareng jeung kitu ngadadak angina nyéor tarik naker, sorana ngaguruh nebak dangdaunan. Dahan tangkal kosambi luhureun saung patingderekdek siga nu rék peunggas, matak paur jeung keueung pikeun nu aya di jero saung.
“Sing iatna, Fotiwolo geus deukeut.” Tua Gendang ngaharéwos ka nu duaan.
Sanggeus ngaharéwos kitu Tua Gendang menekung deui, anteng kawas nu euweuh kajadian naon-naon. Béda jeung nu duaan, katempona geus teu ngeunah cicing dibéjaan kitu téh. Diukna ngised méh adek kana tonggong Tua Gendang, sabab ngarasakeun kasieun anu kacida. Hiukna angin jadi béda karasana da dibarengan ku bau nu mabek. Bau bangké!
Angin nu nyéor ngadadak eureun. Bareng jeung kitu katempo aya haseup nu ngubeng ngurilinan tangkal kosambi bari eureun-eureunan lebah gitih hayam nu diucrat-acrét tadi. Teu lila haseup ngagulung mangrupa dedegan manusa nu jangkung gedé, ngajega nyanghareup ka lebah saung.
Tua Gendang beuki kerep babacaanana, semu ditarikeun. Béda jeung nu duaan, kalah ngadon ngompod tukangeunana.
Nu ngajega ngagerem pikakeueungeun, tuluy siga nu cacarita tapi teu puguh pihartieunana. Jep sora nu ngagerem ditémpas ku sora Tua Gendang, sarua sorana teu pikahartieun pikeun nu duaan mah.
Teu lila jep duanana jarempé. Angin nyéor deui nebak haseup nu tadi ngajega nepi ka lesna. Sabudeureun leuweung tutupan simpé.
“Yu urang mulang wé,” ceuk Tua Gendang bari cengkat. “Cenah mah peuting ieu kénéh Kraéng sius rék dipulangkeun.” Nu duaan teu ngengkékeun milu cengkat, atoh diajak indit ti éta patempatan da puguh ti tatadi geus teu kuat ku sieun.
Tiluan leumpang pauntuy-untuy ninggalkeun leuweung tutupan, ngajugjug lembur Amba. Sajajalan Tua gendang teu weléh caringcing. Tapi can pati jauh laleumpangna kadéngé nu humarurung bari tulung-tulungan.
“Saha éta?” Tua Gendang rikat nyampeurkeun ka lebah datangna sora bari nyorotkeun lampu sénterna.
“Tulung….” Ceuk sora nu humarurung, aniprek handapeun tangkal sisi jalan satapak.
“Geuning Kraéng Sius. Keur nanaon di dieu?”
“Tulungan… Leuleus, ti kamari aya nu ngajak leumpang jauh naker.” Ceuk Kraéng Sius. Ngomong kituna téh bari katempo lungsé pisan.
Teu talangké regeyeng Kraéng Sius digandong, tuluy dibawa ka lembur. Teu terus dianteurkeun ka imahna tapi dibawa nyimpang heula ka Rumah Gendang, da sidik kudu sina cageur heula.
Sanggeus diubar-abér kakara katempo jagjag deui. Pada ngariung ku saréréa, panasaran hayang nyaho naon anu tumiba ka dirina. Ngan basa pada nanya kumaha kajadianana, keukeuh Kraeng Sius teu bisa ngajéntrékeun. Ukur bisa nyaritakeun cenah aya sababaraha urang nu mawa manéhna ka tempat nu jauh. Tapi hiji ogé euweuh nu wawuh, ngan nu sidik éta jalma-jalma téh maraké papakéan nu arahéng. Garagah naker!
Labuan Bajo, Oktober 2019
Katerangan :
Kraéng = Sesebutan hormat pikeun lalaki urang Manggarai, Flores
Katerangan:
Seratan ieu kantos medal di Manglé no. 2767