Ieu mah pangalaman basa mimiti rumah tangga. Kuring kaasup awéwé nu teu pati aptudét kana pernak-pernik nu unik keur mapaésan eusi imah. Béda jeung mitoha nu di bumina agreng sarwa antik jeung nyari. Meureun kusabab di imah sorangan mah pun biang teu merhatikeun nu kararitu, keur mah teu resep, katambah rasa seni suwung, matak nya blong wé taya rasa hayang balanja nyiar barang nu ngadukung kana kaéndahan jero imah.
Pruk kawin, ditempatkeun di asrama, nu kawilang lega dibanding imah séjénna. Saenggeus dirombak jeung dibebenah, Mamah (mitoha) miwarang pesen lomari mainan nu lumayan badag. Cenah supaya katémbong aura nyari jeung rada berkelas, hartina ulah ngérakeun saupama aya sémah nu datang, meureun siga pakéan, kesan pertama kudu menggoda, jadi teu jadi bahan gossip nu néhatip. Sanajan tiori éta ceuk kuring pribadi mah teu penting, tapi demi ngajaga perasaan anjeunna, ngusahakeun nurut.
Mimiti pesen lomari, modéd kumaha kahoyong Mamah. Di lembur pesenna ogé padahal teu kurang loba tukang lomari aralus di Bandung. Nyicil meulian keramik nu lalucu, terus botol antik, gelas kristal, kembang-kembang imitasi nu hargana lumayan. Jumlah-jamléh saanueun.
Der disusun dina lomari anyar, ceuk rarasaan mah alus, teuing rasa seni nu kurang. Basa aya Mamah nganjang, kabéh barang nu dianggap merenah ku sorangan, geunig teu kaanggo ku paningal anjeunna mah. Mamah nataan naon-naon waé nu kurang. Posisi barang, kayaning lomari, méja makan, risbang, diputar-puter. Kajeun capé sigana daripada teu sesuey dengan pantauan mata. Horéam gé, nya dituturkeun wé, itung-itung diajar ngadékor imah.
Harita hudang ngajuru ku budak nu ka dua, Mamah jeung Mimih (indung kuring), ngaréndong. Ngahaja ti lembur mapag incu. Poé ka opat mah pamitan duanana gé, meni kompakan. Pesen 448, travel kameumeut jurusan Kawali Bandung. Cenah mobil nyampeur jam dalapanan.
Tah duka kumaha émutan mertua, dina waktu nungguan jemputan bet kalah nurun-nurunkeun barang nu aya dina lomari, ditukeur jeung nu aya dina kichen set. Majar cenah patojaiah nunda, teu mantes. Kuring teu lemek najan rada gondok. Barang pecah belah ngampar dina ubin, da lumayan gelas piring gé losinan. Nu kaasup pring hias lucu, atawa gelas lucu kudu nangkring dina lomari mainan. Nu kurang daya senina, wayahna nyangkoyot dina kichen sét, da moal katingali ku batur.
Kakara gé lima menit, sora tidid-tidid kapireng, horéng mobil jemputan geus nyampeur. Bareng jeung éta, saabringan tamu ti kantor bapana ogé tinggurudug seja ngalongok orok, naékeun motorna ka buruan. Ya Alloh, kaayaan imah masih amuradul da apanana can kaasup-asupkeun kana tempatna. Mamah meni garo singsat, tayohna manahna mah ngaraos lepat. Babalatakan lain wayah. Pamitan bari nyebut, “Hampura Mamah, sugan moal waka disampeur, jabaning sugan moal seueur tamu.”
Untung sabagian tamu hideng, mantuan ngasup-ngasupkeun piring, gelas jeung nu lian kana lomari. Kuring ukur bisa nyenghél bari ngéyong budak.***
Deyla – Bandung