Nasution Co

Nambahan Jeung Duit Sial

NAMBAHAN

Sandi: “Ceuk Ustad, mun sodakoh téh balesanana bakal nikel,”

Hérman: “Bener éta téh. Kaalaman ku uing.”

Sandi: “Kumaha kitu?”

Hérman: “Isuk-isuk, di perjalanan ka tempat gawé, uing sodakoh genep rébu.”

Sandi: “Terus?”

Hérman: “Teu lila, meunang 36 rébu,”

Sandi: “Genep tikel nya?”

Hérman: “Heueuh, meunang duitna tina pamulangan udud di warung deukeut kantor.”

Sandi: “Géhél.”

 

Ahmad Sobari – Cicaléngka, Kab. Bandung

 

LOBA BÉAS

Agus: “Keur urusan kawin mah, ku ayana corona, jadi loba hikmahna,”

Adit: “Teu kudu kaluar loba duit da ulah aya raraméan,”

Agus: “Jaba irit béas da loba nu méré.”

Adit: “Tah lebah béas gé uing boga saran,”

Agus: “Naon téa?”

Adit: “Moal ngamplop atawa ngado, rék méré béas wé, da béas di imah geus loba teuing.”

Agus: “Tobat, Gusti…”

 

Ujang Sobarna – Cileunyi, Kab. Bandung

 

KALUAR CISOCA

Ceu Iyom keur meujeuhna getol puasa Senén Kemis tapi sok tara yakin naon waé nu bisa ngabatalkeun puasa salian dahar jeung nginum. Atuh nanyakeun ka Bu Haji Iroh, garwana Pa Haji Mustafa, nu élmu agamana luhung.

Ceu Iyom : “Bu Haji, kamari waktos saum sunat dinten Senén, abdi kaluar cisoca… kinten-kintenna tiasa ngabatalkeun teu?”

Haji Iroh  : “Teu sawios, saukur kaluar cisoca mah…”

Ceu Iyom  : “Tapi ieu mah kaluar cisocana bakat ku teu kiat lada waktos ngabaso di Mas Sunar…”

Haji Iroh gogodeg.

 

Komsut – KBB

 

TEU MAKÉ HÉLM

Lamsijan : “Kunaon si Inot, béjana dibui?”

Kabayan  : “Nyéta… pédah teu maké hélem.”

Lamsijan  : “Piraku teu maké hélem-hélem waé nepi dibui?’

Kabayan   : “Apan waktu keur ngabongkar ATM, pohoeun teu maké hélem, jadi wé dina CCTV katempo beungeutna. Tuluy wé ditéwak ku pulisi.”

 

Komsut – KBB

 

KABEURANGAN

Guru: “Ocad, kunaon manéh kabeurangan?”

Ocad: “Tuda Bapa sareng Mamah paséa.”

Guru: “Jadi hidep ngabandungan heula nu paséa?”

Ocad: “Apan Bapa nyepeng sapatu katuhu Ocad, teras Mamah nyepeng sapatu kénca Ocad.”

Guru mésem.

 

Andi S – Bandung Barat

 

DUIT SIAL

Pamajikan: “Pa, ménta duit!”

Salaki: “Apan gajihanana ogé pagéto.”

Pamajikan: “Ari itu dina pésak calana di kamar ning, aya dua ratus rébu.”

Salaki: “Éta mah duit sial!”

Pamajikan: “Naha maké duit sial sagala?”

Salaki: “Enya, sialna… kapanggih ku Mamah!”

 

Andi S – Bandung Barat

 

PANYAKIT

Sakapeung mah sok rada helok ku jaman kiwari, aya ku rupa-rupa pisan ngaran panyakit nu ngalibetken ngaran sasatoan teh, aya flu burung,  kaki gajah, anjing gila, jeung rea-rea deui. Nu jadi pertanyaan, naha aya panyakit rorombeheun atawa kutil jalma di sato? Urang tarungguan we hasil panalungtikan ti para sato,  beu ??!!

 

DIN – Ciawi Kencana Blok F 6

 

TARJAMAHAN 

Babaturan kuring urang Medan pituin, sumanget pisan diajar basa sunda, sagal rupa naon wae tutulisan ditarjamahkeun, kasup narjamahkeun sepanduk nu unina : “Jagalah Kesehatan, hati-hati jangan sampai anda terkena penyakit flu burung, kaki gajah atau anjing gila”. Hasil tarjamahna jadina kieu “Jagi Kasehatan, ati-ati ulah dugi saderek ka keunaan panyawat, salesma manuk, sampean gajah atanapi gogog edan”

Untung we manehna teu narjamahkeun “HIDUNG”, bisa-bisa hasila  “bumi korong……..??!”

 

DIN – Ciawi Kencana Blok F 6