Nasution Co

Ku Dedi Supriadi Idris

Ngadéngé béja ti perawat, kuring ngan bisa ceuleumeut. Haté ngageter. Cipanon teu bisa ditahan. 

“Alhamdulillahirobbil alamin. Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun!” sora éstu ngageter karasa.

 “Ya, Alloh! Abdi teu kiat. Abdi rido dipundut ayeuna. Astagfirullohalazim, Allohu Akbar! Namung abdi hoyong janten ahli surga,” kadéngé jumeritna Si Cikal ka Alloh sok sanajan semu nu humarurung. Leungeunna tipepereket ngajenggutan buukna. Panonna peureum. Beungeut sepa. Biwir geunteul, ngageter. Katingali nahan kanyeri nu taya papadana.

Kuring ngan bisa nangkeup sirah budak dina dada. Ngusapan sirah bari ngagaléntoran beungeutna. Kuring teu wasa ningali kaayaan budak kawas kitu. Salila 16 taun gumelar ka alam dunya, kakara ayeuna budak ningalikeun kaayaan kawas kitu. 

Cipanon murubut maseuhan sirahna. Pamajikan jeung dulur-dulur nu aya raéng ngadunga jeung ngaji Yasin, sangkan budak tenang. Di luar kadéngé sora takbir malem Idul Adha dina toa ti mangpirang masigit. Aweuhanna nambahan geter dina haté kuring.

 “Ayah, Ibu! Hapunten, Enéng! Salami ieu mung ngarépotkeun. Ayah, Ibu mugia rido. Astagfirullohalazim, Allohu Akbar! Enéng teu kiat! Enéng rido, badé mios ti payun. Enéng hoyong janten céngcéléngan Ayah sareng Ibu di sawarga.”

  Ngadéngé kekecapan budak nu keur jadi kembang kampung, kuring jeung nu araya beuki murubutkeun cipanon. Nu ngaji beuki réang.

“Enéng, geulis, anaking! Ulah nyarios kitu. Enéng mah budak soléh. Sabar. Tawekal. Ayah percanten, Enéng bakal kiat. Teras sing émut ka Alloh! Yu, ayeuna mah urang ka rumah sakit!” témbal kuring ngareugreugan haté budak.

“Muhun, Ayah! Mangga! Mung abdasan sareng mukenaan heula, Enéng! Enéng hoyong solat salami di jalan. Astagfirullohalazim, Allohu Akbar!” témbal budak. Unggal kecap nu kaluar terus ditungtungan ku istigfar jeung takbir. 

Rikat pamajikan ngalaksanakeun paménta budak. Réngsé dimukenaan, reugeuyeung ku kuring dipangku kana mobil. Disarékeun dina pingping kuring sakumaha paméntana. 

Kadéngé budak maca niat solat. Leungeunna duanana ditaleukeumkeun dina dadana, sakumaha nu solat. 

Saprak clak dina mobil nepi ka rumah sakit, kaayaan budak rerep. Teu humaregung. Ngan katingali beungeutna ngagebray cahayaan. Panonna angger peureum tipepereket. Tina biwirna nu geunteul, kalan katingali imut ngagelenyu. Kalan katingali sumengir nahan kanyeri. Ngan kalimah istigfar jeung takbir nu kadéngé meueusan teu petot-petot kaluar tina biwirna.

Anjog ka rumah sakit, langsung budak dibawa ka IGD. Katingali perawat jeung dokter saged mariksa bari nginfus budak. Rada lila, dokter ngarénghap bari rét ka kuring. Tuluy ngajak ka hiji ruangan. Infusan geus teu bisa asup kana awak budak, cenah.

“Mangga sadaya-daya! Abdi ngiringan, mugia upaya dokter janten saréat kana damangna pun anak!” ngan sakitu nu kaluar tina biwir kuring. Haté beuki manteng ménta ka Alloh.

“Ya, Alloh! Pasihkeun jalan nu pangsaéna kanggo pun anak. Insya Alloh, abdi rido!” gerentes haté. Teu kaampeuh cipanon kuring sakulawarga nu jajap ka rumah sakit bedah saharita, ngabayabah neuleumkeun kabungah nu geus mèh sirna.

Teu lila, kurunyung perawat datang. Ngaharéwos ka dokter. Tuluy ka kuring. Ngadéngé béja ti perawat, kuring ngan bisa molohok bari awak leuleus satulang sandi. Haté ngageter, ketegna ratug taya papadana. Cipanon beuki murubut. Buru-buru kuring muru ruang IGD deui, kasampak si Cikal keur rènghap ranjug bari sarè. Sirahna katara dina lahunan indungna. 

Ningali kuring datang,leungeunna ngagupay laun ka kuring. Tuluy mérè isarah yèn manéhna hayang saré dina lahunan kuring. Rikat kuring ngaganti indungna diuk dina risbang, tuluy sirah si Cikal disarékeun dina pingping kuring.

Asa nongtoréng waé dina ceuli waktu si Cikal nyarita yén manéhna geus teu ngabogaan kakuatan pikeun nandangan kanyeri, ku panyakit nu tumiba ka dirina. Tapi manéhna rido lillahi t’aala dipundut ku Nu Kawasa. 

“Abdi tos siap, Yah. Ayah teu kénging nangis kitu. Ayah sing rido supados Enèng miosna tenang!” omongna teu sirikna ngaharéwos ka kuring.

“Enéng titip barudak yatim nu sok ameng sareng Néng di bumi. Ku ayah kedah diteraskeun. Pikaasih, pikanyaah, ku Ayah sareng Ibu.”

Budak tipepereket nyekel dampal leungeun kuring. Biwirna ngageter. Sumengir. Panonna peureum. Katingali keur nahan kanyeri. Nempo kitu, cipanon kuring beuki murubut. Komo waktu Si Cikal nyarita, yén manèhna geus teu kuat. Biwirna ngan istigfar jeung takbir, beuki lila beuki teu kadéngé. Sakedapan manéhna imut, ngagelenyu tuluy ngangkat dua leungeunna, sakumaha nu keur takbirotulihrom bari ngucap Allohu Akbar, tuluy leungeunna dua diteundeun dina dadana.

Pas dina kalimah “…bar”, biwirna balem, panon peureum kawas nu tibra saré. Teu muka deui. Sakabéh jalma nu ningalikeun sakedapan ngahuleng. Réfléks curuk kuring nyabak urat nadi dina beuheung budak, tuluy dampal leungeun diantelkeun kana irungna. Si Cikal geus teu aya napasna. Kuring ngan bisa ngucap, “Alhamdulillahirobbil Aalamiin, Innalillahi wa inna ilaihi rojiun.” 

Si Cikal nilar. Cekleukna tadi mungkas lalakon hirupna di ieu alam fana, pas dina lahunan kuring.

Teu lila, jerit waé indungna ngajerit bari ngagabrug ka budak. Atuh nu sejen gé pipilueun milu ceurik bari nuturkeun ngucapkeun, “innalillahi wa inna ilaihi rojiun”. 

Nyaksian kaayaan kitu, kuring gancang nenangkeun kaayaan. Indungna dibeberah, diangkat tina risbang rumah sakit tempat budak tibra pikeun salalawasna. Ogé nu séjén sina tarenang, karunya ka nu geus teu aya, cek kuring ka maranéhna.Atuh teu lila, kaayaan kamar jadi tenang. Nu kapireng ukur sora nu ngaji jeung nu sisimekeun.

Kuring ngaléos pikeun ngurus administrasi sangkan si Cikal gancang bisa dibawa balik, dipulasara di lembur.

Diagnosis munggaran, ngécéskeun yén budak kuring kaserang leukemia. Si Cikal dipundut ku Nu Kagungan dina kaayaan keur beresih, maké mukena, keur solat.

                   ***

Ngalangkang. Atra tur écés éta kajadian asa peuting tadi. Padahal éta kajadian téh malem takbir Idul Adha, sataun ka tukang.

Enéng, ayah nyieun ieu carita bari murubut cipanon. Ayah sedih nu taya papadana. Tapi lain sedih alatan teu rido kana papastén. Ayah yakin jeung percaya, Alloh geus ngaronjatkeun kahirupan Enéng di tempat nu leuwih mulya. Komo waktu ibu nyaritakeun deui, kumaha cekleuk panungtung napas Enéng. Mangsa Enéng ngucapkeun salam ka Ayah jeung ka Ibu. Enéng miang ayeuna bari ditutup ku kalimah istigfar jeung takbir. Ngan aya kasedih sakaligus kahanjakal Ayah tèh, alatan kasoléhan tur katawakalan Enéng teu katurutan ku adi-adi hidep. 

Kiwari geus teu aya lampu kamar nu caang dina tabuh 02.00 alatan nu boga kamar keur manteng munajat ka Alloh. Teu kakuping deui sora piring diadu dina méja makan wanci janari, saban Senén jeung Kemis. Teu kakuping deui ku Ayah sora hidep nu ngagalindengkeun ayat-ayat Quran saban Ayah wangsul ti masigit pasusubuh. Teu aya barudak awéwé rumaja ngumpul dina téras imah saban soré, rék nyiar élmu ka pasantrén. Teu aya sora halimpu tur imut ngagelenyu nyarios. 

“Ayah, Enéng hoyong diskusi,” saban ayah wangsul ti masigit wangsul solat Asar. Saban Ayah wangsul ti sakola, teu aya deui imut ngagelenyu bari nawisan, “Ayah palay kopi atanapi cai téh?”

Enéng tos teu aya. Tos tenang. Ayah jeung Ibu teu ngarasa kaleungitan sabab kasoléhan, katawakalan, tur katakwaan Enéng ka Alloh jadi pangajaran hirup keur Ayah jeung ibu dina ngalakonan sagara kahirupan. Insya Alloh, wasiat Enéng ku Ayah jeung Ibu dilaksanakeun. Mugia urang dikempelkeun deui di surgana Alloh!

Panineungan malem Idul Adha 2018

Katerangan:

Carpon Ngalangkang karya Dedi Supriadi Idris parantos medal di Manglé no. 2769.