Nasution Co

Nungguan ojég onlén

Teu di kulon teu di wetan nu pangkesel-keselna nyaéta nungguan. Komo nepi ka mangjam-jam mah matak aral. Hayang mah nampiling atawa ngomong ka nu ditungguan téeh tapi kétang rata-rata ngan ukur bisa norowécona dina haté  Tah ieu kaalaman ku Ki Sobat sebut wé ngaranna Maman. Manéhna ngaku lain generasi milénial atawa generasi Z tapi gaya mah kudu nurutan barudak jaman kiwari. Pan generasi Z mah leungeunna tara leupas tina ngomé hapé. Babari pisan atuh jaman kiwari mah rék dahar wae teu kudu ngincid ka warung cukup mencét menu Go Food dahareun datang soranagan. Nanaon tinggal mencét tina hapé. Kaasup mesen ojég onlén mun rék indit-inditan.

Hiji waktu Maman hayang ulin ka Cimahi. Harita jam salapan peuting deuih. Kusabab teu boga motor manéhna pesen ojol alias ojég onlén. Sanggeus pesen terus wé ditungguan. Biasana tara lila jol datang ojégna. Tapi aneh nu ojég ieu mah teu nepi-nepi wae padahal jarakna deukeut pisan. Pas ditingali dina GPRS Si Driver posisina kalahka ngajauhan ti lokasi nu geus ditetepkeun. 

“Naha Man ojég onléen pesenan can nepi-nepi waée ka dieu?”

“Teu apaleun jalan meueunan?”

“Bisa jadi Mang”  

Ditingalikeun GPRS-na ku Maman ka Mang Sarkawi.

“Pan tujuan téh Wirangrong, naha bet ngajauhan ka jalan Gamelan? Teu apaleun kitu yen jam sakieu mah jalan Gamelan geus diportal?” Mang Sarkawi nanya ka Maman

“Nyaéta Mang teu dibaca chatna gé.”

“Geus ampir lima belas menit nungguan, Man. Teu nempo GPRS kitu?”

“Keun baé Mang sanepina wé”

Sanggeus rada lila nungguan jeung kesel ahirna Si Driver nepi oge sanajan rada lila. Terus manéhna ngomong ka Maman, ”Abdi ditipu ku nu nuduhkeun jalan A?”

Maman ukur seuri ngadéngé omongan Si Driver ojég onlén. Kakaraeun atuda salila nyéwa ojég onlén kudu nungguan lila datangna. Dasar nasib Si Maman meureunan.

 

Bobi – Bandung