Ku Hérnawati
Ari jelema mah sok lahuta. Kahayangna téh nu aranéh, samalah ceuk sawaréh kawas nu gélo. Nya da teu ilahar téa. Tapi merekedeweng wé najan matak piomongeun gé. Cara Sarip jeung balad-baladna mun geus maot téh padungna hayang digambaran.
Pan keur jaman SD téh sok ditanya, ari geus gedé cita-citana hayang naon? Aya nu sarua, aya ogé nu baréda. Héru mah hayang jadi pulisi, ari Gandi mah hayang jadi tentara, éh jenderal kétang. Da pokna téh boga bayangan mingpin kavaleri. Demi Alan mah hayang jadi pangarang kahot da kagégéloan ku karya Kahlil Gibran. Ari Sarip naon cita-citana? Keukeuh baé hayang jadi dokter.
Hanjakal cita-cita éta balad téh teu tinekanan. Kabéhanana gé ti lulus SMA nepi ka kolot téh kadon jadi buruh pabrik. Keur nedunan cita-cita nu teu kahontal téh, maranéhna hayang padungna digambaran. Ciri yén cita-citana hayang kabawa maot.
Umur tunggang gunung, narungtutan maraot. Ku dikersakeun kabéhanana baroga duit keur meuli kaveling di pajaratan nu siga Sandiego Hils. Moal dibongkar deui cara di lembur, sok bongkar pasang alatan pajaratanana pinuh. Nya kahayangna tinekanan. Dina padung nu Héru digambaran pulisi disaragam dina pepeta siga nu keur ngatur lalu lintas. Enya da cenah hayang jadi polantas nu jujur, teu narima duit sogokan upamana keur aya operasi tertib lalu lintas.
Dangka sataun, Gandi nu dipundut ku Nu Maha Kawasa. Dina padungna digambaran tentara tumpak kuda bari ngacungkeun pedang. Selang tilu bulan, Alan maot. Manéhna mah hayang lambang ‘Love’ jeung sajak nu geus meunang nganggit. Kari Sarip nu masih jumeneng. Inyana nangtung hareupeun kuburan Alan. Ngungun. Sorangan. Kulawarga jeung dulur Alan mah geus baralik.
“Geus, Sarip. ihlaskeun baé…” ceuk Darman, nu ngahaja balik deui keur maturan Sarip.
“Sedih urang téh, Darman. Sobat narungtutan, kari urang. Kumaha mun urang gé maot?” Sarip némbalna semu dareuda.
“Kabéh jalma gé pasti maot, sadrah ka Nu Maha Kawasa” Darman neger-negerkeun haté Sarip.
“Nya ku kituna mah. Ngan urang éra wungkul mun nulis surat wasiat.” Nereleng wéh Sarip téh nyaritakeun kasapukan nu geus dijieun baladna, nu geus dilaksanakeun sakumaha kahayangna.
“Oh hayang jadi dokter. Atuh cukup wé digambaran suntikan atawa stétoskop.”
“Ah henteu kitu. Da urang mah cita-citana gé hayang jadi dokter spesialis kulit jeung kelamin,”
Darang mimiti kerung,
“Maenya urang dina surat wasiat téh nitah ngagambar rarangan?!”
Can waka némbal. Mikir heula. Ana bray téh Darman boga ideu, “Gampang, jieun wé sakumaha nu dipikahayang, sing percaya wé ka urang.”
Geus diomongan kitu mah Sarip jadi reugreug. Sababara bulan ti harita, inyana ngantunkeun. Darman nedunan kumaha kahayangna. Ngagambaran padung luyu jeung amanat Sarip. Ngan lebah raranganana ditutupan ku tulisan SENSOR!