Nasution Co

Pangajak Jeung Barudug

PANGAJAK

“Dulur-dulur, baraya jeung babaturan, turutkeun bewara jeung peraturan, tong marawa karep sorangan, 

sanajan rek marulang ka kampung halaman, sing aringet bisi di jalanna teu aman, rea nu dibegal di tengah jalan, loba jalma nu ditelasan, poma pisan tong arindit inditan, geus rea pisan kajadian,

CORONA teh hiji virus nu jahat pisan, kuduna dijarauhan,  hayu urang dungakeun sangkan virus CORONA gancang mugaran,  kabeh babaturan bejaan, Sangkan nurut kana Pembebasan Skala Besar  Besaran…!”

 

Andang S. Poeraatmadja – Jl. Mujaer Kaler no. 29, Bandung

 

DAHAR DAGING

Didi: “Lebaran téh kuring mah wareg dahar daging.”

Dodo: “Sarua kuring gé. Didinya dahar daging naon?”

Didi: “Daging hayam diopor, daging sapi digule jeung digepuk. Ari didinya dahar daging naon?”

Dodo: “Daging tutut wé jeung kéong da éta nu kadugana.”

 

Dinda Kurniawati – Bandung

 

BÉAS KUPAT

Didi: “Unggal silaturahmi, pasti disuguhan kupat ku nu boga imah.”

Dodo: “Kuring gé sarua sok ngahempékeun ka tamu bisi deuk nuang kupat.”

Didi: “Uing gé ngasaan kupat di imah didinya. Ngeunah teu teuas.”

Dodo: “Ngeunah atuh enya gé maké béas raskin.”

 

Firda Soraya – Cimahi

 

KAKARÉN LEBARAN

Didi: “Do, ajak barudak arulin ka imah uing. Loba kénéh kakarén lebaran.”

Dodo: “Siap! Uing ge deuk mawa kakarén nya ka imah didinya.”

Didi: “Sok! Deuk mawa naon didinya Do?”

Dodo: “Bubuk ranginang dina kaléng Khong Guan.”

 

Intan Sariningsih – Padalarang, Bandung Barat

 

HUNTU I

Dokter gigi : “Parantos pa.”

Pasien : “Sabaraha Dok?”

Dokter gigi : “Lima puluh rebu.”

Pasien : “Mirah. Teu karaos deuih.”

Dokter gigi : “Hoyong nu karaos?”

Pasien : “Henteu..henteu..permios!”

 

Hindarto – Perum Grand Hegar Dawuan Blok C No. 21, Dawuan, Majalengka

 

HUNTU II

Johari : “Masih sok ka dokter gigi?”

Rodi : “Henteu. Jeung moal weh…”

Johari : “Berarti paten obatna, hebat!”

Rodi : “Lain obat nu paten..”

Johari : “Naon?”

Rodi : “Huntuna geus beak!”

Johari : “Atuh nya heueuh eta mah brow!”

 

Hindarto – Perum Grand Hegar Dawuan Blok C No. 21, Dawuan, Majalengka

 

BARUDUG

Nining jeung Nunung lamun nyarita basa sunda tèh kabiasaan sok direumbeuy ku basa indonesia.

Nining : “Nung, keur ngapain ?”

Nunung : “Ah, lagi kieu wè !”

Nining : “Kemarin tèh pasanggrok dengan mamah, disuruh ka dieu !”. Mamahnya ada ?

Nunung : “Mamah lagi di kamar, barudug !”

Nining : “Kutan, mamah tèh gaduh panyawat budug ?”

Nunung : “Kakara dug sarè …. onyooooon !”

 

Erus – Bandung

 

RÈK NAON 

Hiji mangsa anak onta tatanya ka indungna.

Anak onta : “Ma, ari urang teu sarua jeung batur, suku jèbrag bulu panon panjang jeung dina tonggong aya nu mejenghul ?”.

Indung onta : “Pan urang mah urang gurun pasir, suku jèbrag pikeun supaya gampang napak dina keusik, bulu panon panjang supaya teu kapeureungpeunan, ari anu dina tonggong mah minangka keur persediaan nyimpen cai pan urang mah cicingna di gurun pasir tèa !”

Anak onta : (mikir). “Rèk naon atuh bet aya di Kebon Binatang ?”

Indung onta : “Dasar budak jaman ayeun …. !”

 

Erus – Bandung

 

HARAM

Ohan : “Pa ustad, naon hukumna ngado’akeun jalma maot ?”

Ustad : “Haram !”

Ohan : “Naha ?”

Ustad : “Mun arek ge ngado’akeun mah, panjang umur sehat loba rejeki !”. Lain ngado’akeun maot.

 

Erus – Bandung

 

STBA

Ani : “Ari kabogoh si Maya kaluaran kuliah timana?”

Ina : “STBA.”

Ani : “Sekolah Tinggi Bahasa Asing?”

Ina : “Lain. Sekolah Tinggi Belegug Angger.”

Ani : “Paingan atuh boloho!”

 

Komsut – KBB

 

NYERI HATÉ

Dian : “Nyeri haté ku Kang Andi. Bongkéna kasép, kotka nganyenyeri kieu ka uing.”

Dini  : “Bogoh ka Kang Andi téh?”

Dian : “Puguh wé, matak nepi ka nyeri haté kieu gé.”

Dini  : “Naha atuh maké mutuskeun manéh Kang Andi téh?”

Dian : “Saha nu mutuskeun? Da can jadi kabogoh.”

Dini : “Ari éta kunaon pangna nyeri haté?”

Dian : “Nyebutkeun teu narima cinta uing waktu uing balaka bogoh ka manéhna.”

Dini  : “Matakna ari jadi mojang… kudu dulang tinandé, ulah miheulaan balaka eusi haté. Leuheung mun lalakina sarua aya haté.”

 

Komsut – KBB

 

NGUNGUDAG

Mia : “Si Zacky ngungudag waé ka uing, duh meni sieun kieu!”

Lia   : “Bogoheun meureun matak nepi ngungudag kitu gé.”

Mia : “Lain bogoheun, da manéhna gé geus boga kabogoh.”

Lia   : “Ari éta ngungudag?”

Mia : “Nagih hutang geus tilu taun uing teu mayar, tadina dijanjian taun ieu tapi teu hasil nyiar duitna uing téh!’

Lia   : “Hemmm, sugan téh ngudag bogoh. Bayar atuh boga hutang téh!”

 

Komsut – KBB