Nasution Co

Panonoban Jin Jeung Maskawin Sendal

PANONOBAN JIN

Tempat paranti kumpul jalma réa geus dibaruka deui. Mall, tempat wisata, jeung tempat pagawéan. Ari sakola mah can témbong kelemengna. Puguh matak héran keur Sona mah. Nya manéhna ménta bongbolongan ka Ayi.

Sona: “Naha nya sakola nu jadi tempat atikan can dibuka waé. Ari mall geus dibaruka.”

Ayi: “Paur bisi cilaka.”

Sona: “Har, cilaka naon?”

Ayi: “Kapan sakola téh geus lila teu dieusian. Meureun dipaké panonoban jin.”

Sona: “Terus?”

Ayi: “Bisi kasarumahan kéh barudak sakolana.”

Sona: “Dih, ari mall naha sieun teu kaancikan jin kitu?”

Ayi: “Da geus kaancikan jurig balanja. Tingali wé mall dibuka téh bangun nu asup surga, sagala diborong.”

 

Gun gun Subagja – Cimaung, Kab. Bandung

 

ULEMAN ONLINE

Masing usum Corona gé uleman mah angger reuteum daratang. Matak pusing keur Supri jeung Andi. Duanana masih ngaligeuh saprak mahabuna virus Covid-19.

Supri: “Kudu kumaha ieu? Uleman loba ari pemasukan geus eureun ti tilu bulan ka tukang.”

Andi: “Jaba ulemanana gé lolobana online. File JPEG atawa video.”

Supri: “Mun kitu mah urang gé online wé ngaluuhanana.”

Andi: “Maksudna?”

Supri: “Ngamplop online, nyieun videona, kirimkeun wéh.”

Andi: “Atuh engké nyaténa gé online ari manéh?!”

 

Gandi Sugandi – Katapang, Kab. Bandung

 

MASKAWIN SENDAL

Viral di Lombok Tengah aya youtuber nu méré maskawin sendal capit. Yana jol inget ka Asép nu can pasini jatukrami alatan kahalang dana.

Yana: “Sép, teu hayang nurutan nu di Lombok, kawin ukur maskawin sendal capit?”

Asép: “Kahayang mah nurutan. Samalah bisa leuwih ti kitu, sakodi waé mah kabedag.”

Yana: “Naha atuh lain geura-geura.”

Asép: “Moal diwaro uing mah.”

Yana: “Cobaan heula omongkeun.”

Asép: “Mun apél téh biasa mawa donat Jco, Karék diganti martabak gé geus dibaeudan ku calon mitoha.”

 

Gina Larasati – Soréang, Kab. Bandung

 

WARUNG BANGKRUT 1

Nu rék meuli: “Mésér tarigu!”

Nu dagang: “Séép.”

Nu rék meuli: “Lisah atuh!”

Nu dagang: “Teu aya.”

Nu rék meuli: “Aci sampeu, kawung, endog…”

Nu dagang: “Ledissss…”

Nu rék meuli: “Geus wé tutup sagala euweuh mah!” (jadi ambek)

Ni dagang: “Arék… ngan lieur néanga koncina ti isuk gé.”

 

Andi S – Bandung Barat

 

WARUNG BANGKRUT 2

Si Inot dititah balanja ka warung ku indungna tapi mulang teu mawa nanaon.

Iteung: “Naha teu hasil?”

Inot: “Warung Ma Oyoh nutup. Warung Mang Somad gé sarua tingkebanna narutup.”

Iteung: “Na kamarana?”

Inot: “Dina tingkeban warung Ma Oyoh mah aya tulisan ‘habis modal’, mun dina tingkeban warung Mang Jumha, ‘sudah kaya’.

 

Andi S – Bandung Barat

 

RÉK MEUNTAS

Di terminal beus

Nini-nini: “Ari itu beus jurusan mana?”

Bapa-bapa: “Pangandaran.”

Nini-nini: “Ari nu itu?”

Bapa-bapa: “Cirebon.”

Nini-nini: “Nu itu tuh.. jurusan mana?”

Bapa-bapa: “Oh… itu mah ka Purwokerto.Ké ké, dupi Nini bade ka mana?”

Nini-nini: “Badé meuntas jalan Nini mah, Jang.”

 

Andi S – Bandung Barat

 

BASA SUNDA

“Naha ari urang Sunda tara nyebut jam hiji tapi jam satu, sikat gigi tara disebut sikat huntu deuih, héran urang mah….!??”

“Ah teu kudu héran, sabab leuwih teu nyeni mun aya jelema ngomongkeun ‘tos senam pagi ti Garut nyimpang ka rumah makan’ jadi kieu ‘tos sgenep isuk tilurut nyingcet ka imah dahar’…. nya….??!”

“Heueuh ogé euy……??!#$%^&”

 

DIN – Puri Ciawi Kencana Blok F 6

 

HUIS

Koko :”Pa gening tos aya huisan”

Bapa :”Tah éta téh akibat Koko ménta waé duit keur jajan, sakali jajan huis jadi hiji….”

Koko :”Oh kitu…., paingan si aki rambut na huis wungkul, berarti bapa téh nuju alit na sok ukeun waé jajan nya…..??!”

Bapa :” ………???!@#%>…….”

 

DIN – Puri Ciawi Kencana Blok F 6

 

PEPETASAN

“Cenah ceuk pulisi dina taun baruan ayeuna meunang nyeungeut pepetasan, bener éta téh…??!!”

“Nya meunang atuh, asal  disailen atawa digetar wé….!!?

“….bedus téh, émangna hapé……..?!@#$%”

 

DIN – Puri Ciawi Kencana Blok F 6

 

USUM KETIR

Basa mangkukna komplek imah téh disemprotan disinfektan. Poé ayeuna difoging. Atuh matak ngagamahan ka Sadil jeung Yana nu pagawéanana ukur gégéléhéan bari nyoo hapé.

Sadil: “Loba kénéh haseupna. Maenya kudu ngagolér di téras batur mah.”

Yana: “Heueuh, naha kunaon nya kaayaan ieu dunya téh,”

Sadil: “Ah, maenya teu apal. Kapan dina medsos keur ramé DBD. Jaba Corona gé can nyingkah,”

Yana: “Usum ketir nya?”

Sadil: “Heueuh. Ngan aya nu leuwih ketir engké sabulan deui, bulan Rayagung,”

Yana: “Waduh panyakit naon tah?”

Sadil: “Ditinggalekun kawin ku popotongan,”

 

Andi Kurnia – Cipatat, Bandung Barat

 

HAYANG DIKARANTINA

Sanggeus dilarapkeun pola kabiasaan anyar mah, barisa deui aktivitas. Kitu deui nu kawin gé bisa ngulem ngan diwates. Éta nu matak hanjelu keur Suhéndi.

Suhéndi: “Salah, kuduna karantina téh pas deuk nyedek ka Rayagung,”

Arif: “Dih naha? Sakitu dina bulan éta mah keur meujeuhna loba daging,”

Suhéndi: “Heueuh, tapi, loba uleman ogé. Pan mun dikarantina mah moal nampa uleman, moal hambur duit.”

 

Aldi Sutéja – Balééndah, Kab. Bandung

 

DIBUKA DEUI

Sandi: “Tempat wisata geus dibuka deui. Hayu urang piknik,”

Déri: “Asa horéam da pasti bakal aya nu kurang.”

Sandi: “Naon nu kurangna?”

Déri: “Pengunjung kudu maké masker. Atuh moal bisa cuci mata.”

Sandi: “Heueuh nya. Deuk kenalan jeung awéwé gé ari diteregos mah bisi jonk!”

 

 Agus Supriatna – Cimahi