Nasution Co

Pikasebeleun Jeung Eweuh Parasmanan

AKI JEUNG INCU

Hiji mangsa, kira-kira jam 4 soré, si Aki jeung incuna ngarobrol di emper.

Aki: “Kumaha Jang, sakola téh lancar?”

Incu: “Alhamdulillah, saé Ki!” 

Aki: “Enya bener hadé ari kitu mah. Ulah ngerakeun kolot manéh jeung Aki!”

Incu: “Insha Alloh, moal Ki!”. “Ki, minggu payun abi badé ulangan Basa Sunda, Ki!”

Aki: “Geus ngapalkeun?

Incu: “Parantos, mung aya anu badé ditaroskeun ka Aki téh!

Aki: “Sok, rék nanya naon?”

Incu: “Dupi Basa KIRATA téh, naon Ki?”

Aki: “Hartina teh ‘dikira-kira, tapi nyata’!”

Incu: “Upami kitu, tiasa Aki maparin contona?”

Aki: “Contona cireng, hartina ‘aci digoreng!”

Misro hartina ‘amis di jero’!”

Incu: “Dupi rungreup, naon, Ki?”

Aki: “Hartina ‘irung di hareup’!”

Incu: “Seueur deui anu badé ditaroskeun téh, Ki.”

Aki: “Teu nanaon, sok tanyakeun saméméh Magrib!”

Incu: “Hatur nuhun Ki!”

Aki: “Sok, naon deui?”

Incu: “Dupi Korsi, naon, Ki?”

Aki: “Korsi mah cokorna di sisi!”

Incu: “Gungclo, naon Ki?”

Aki: “Gungclo hartina, kakara oge gung sora goong disada, geus clo urang teh diuk di hareupeun gamelan!”

Incu: “Dupi geksor, naon, Ki?”

Aki: Barang urang kakara ogé gek diuk, geus sor susuguh!”

Incu: “Seueur kénéh anu hoyong ditaroskeun téh, Ki!”

Aki: “Tapi sakeudeung deui geus rék Magrib, sok hiji deui baé, nya?”

 (Alesan bakating geus loba teuing nu ditanyakeun, boseneun jeung sieuneun moal kajawab)

“Naon deui, cing sok, téréh waktu Solat, yeuh!”

Incu: “Dupi doran, naon Ki?”

Aki: “Tah….., ari eta mah: “GEDORKEUN” kana sirah maneh!”

Incu: “Itu geura, ey geuning si Aki mah mani kitu ?????????”

 

Andang S. Poeraatmadja – Jln. Mujaer Kaler No. 29, Bandung

 

PIKASEBELEUN

Kamari papanggih jeung satru kabuyutan. Manéhna nyampeurkeun bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Lantaran keur usum korona, teu ditampanan, ukur méré kodé waé yén kuring nampa sasalaman manéhna.

“Dung, uing téh ngarumasakeun manéh loba kalakuan carékeun nu matak pikakeuheuleun manéh!”

“Enya, sarua atuh ari kitu mah,” cekéng téh.

“Pokona mah mun aya kalakuan uing nu pikakeuheuleun, béjaan waé nya?”

“Enya lah, rék naon kitu?”
“Engké ku urang rék ditambahan jeung beuki dijieun-jieun pikakeuheuleunana!”

 

Dadan Suhendar – Bandung

 

PUASA

Adung: “Sakeudeung deui bulan puasa, duh mun tea sakadang korona nepi ka bulan puasa, tada teuing sedihna, moal bisa ruang-riung buka bareng, nyeungeut pepetasan, boa-boa baju lebaran oge moal dipangmeulikeun ku pamajikan.”

Ading: “Batur mah sedih teh alatan moal bisa ibadah taraweh, silaturahmi, silih lubarkeun dosa, na ari maneh mah kalah sedih ku urusan dunya. Lain lobaan ibadah, apan sasalad korona teh urusanana antara hirup jeung paeh!”

 

Ahmad Sobari – Cikijing, Majalengka

 

EUWEUH PARASMANAN

Satadina Jali jeung Éga moal ngadatangan acara jatukrami babaturanana. Sanajan henteu cara sasarina, angger ngarasa geus ngarempak aturan PSBB.

Jali: “Mun lain babaturan deukeut mah moal indit. Keur PSBB kieu teu sieun corona.”

Éga: “Uing mah sieun kénéh pas datang euweuh saté.”

Jali: “Nya moal meureun, pan teu meunang ruang-riung.”

Éga: “Baé, bawa balik wé.”

Sanggeus datang ka lokasi, Jali jeung Éga ngajenghok. Enya wé euweuh parasmanan. Tamu nu datang, mun geus ngasupkeun amplop, terus dibahanan bingkisan.

Éga: “Lain saté jerona.”

Jali: “Baé, itung-itung meunang bantuan wé. Keur mah uing teu kabéré ku RT.”

 

Suhana – Kopo, Bandung

 

TEU KADATA

Bantuan ti Pamaréntah geus mimiti turun. Sakur nu leungit pangasilan mareunang éta bantuan, iwal ti Suhéndi.

Suhéndi: “Naha ari uing teu meunang bantuan? Pan sarua Ojol cara manéh, Wan.”

Iwan: “Geus kadata can?”

Suhéndi: “Teuing tah. Émang saha nu ngadatana?”

Iwan: “Teu apal kitu manéh? Éta Wenny,”

Suhéndi: “Jir, paingan moal meunang ari didata ku popotongan mah!”

Iwan: “Matak gé tong sok nganyerikeun haté awéwé!”

 

Sumarna – Singaparna, Tasikmalaya