Ku: Imam Mutaqin
Bapa nu kitu téa mah, nanaonan jeung pindah ka pasisian. Jaba imah nu kakara dibeuli téh jauh ka tatangga. Katambah tempatna hara-haraeun. Rék teu kitu kumaha, di tukang kebon awi. Di buruan rajeg tangkal galedé. Matak maruringkak.
Tapi Bapa mah sigana téh teu sieun. Basa kuring nyaritakeun ngeunaan éta, dua poé ka tukang.
“Wanto, ari hidep siga lain lalaki waé. Yeuh, éta mah ukur sawangan nu aya dina pikiran hidep. Diwawaas. Nyipta-nyipta nu pamohalan. Nu sabenerna mah euweuh jurig téh,” saur Bapa harita bari nganggo saragem.
Harita mah Bapa téh dines énjing, jadi peutingna kuring teu keueung. Tapi ayeuna, peuting ieu, Bapa dines wengi. Jeung deui saurna, Bapa badé angkat rada sontenan. Teu kabayang mun kuring kudu cicing di imah sosoranganan.
Motor beuki deukeut ka imah. Ti kajauhan, katempo imah téh geus pruy-pray. Sugan wé Bapa teu acan angkat.
Reg motor eureun, tuluy diparkirkeun di tempatna. Gandeuang ngadeukeutan panto, tuluy keketrok. Ti jero kadéngé sora nu muka tulak. Bray panto muka. Tapi, geuning nu muka panto téh sanés Bapa. Ieu mah awéwé kolot. Kira-kira umur genep puluh taunan. Buukna méh bodas kabéh. Nyéh imut. Huntuna kari sababaraha hiji.
“Adén, wilujeng sumping. Nepangkeun Bibi. Bi Marsiah, ti yayasan pembantu rumah tangga. Disungkeun kanggo babantos di dieu,” ceuk éta awéwé kolot bari nyolongkrong ngajak sasalaman. Gap ditampanan.
“Dupi Bapa ka mana, nya?” kuring garo-garo teu ateul.
“Oh, juragan mah tos angkat tadi sonten. Mangga ka lebet, Adén. Tuangeun mah tos sayogi di luhur méja.”
Kuring asup ka jero. Kebat ka kamer nu aya di lanté dua. Ucul-ucul. Sanggeus ganti baju, laju turun deui, muru méja makan nu geus pinuh ku kadaharan; hurang, hayam goréng, bihun dicabéan, malah pais lauk ogé aya. Biwir kumétap. Enya tuda éta mah kabéh gé karesep kuring.
Teu talangké, habek wé dahar. Ngalimed. Teu lila gé alas téh geus beresih. Ukur nyésa cucuk lauk. Eureuleu teurab. Kuring ngalageday kana korsi. Panon ngadadak tunduh. Padahal tadina mah rék lalajo maénbal MU VS Machester City.
Jung cengkat. Léos ka luhur, muru kamer. Sanggeus di jero kamer, kalacat ka luhureun tempat saré. Awak dibulen ku simbut. Teu kungsi lila, kuring peureum, ngambah alam impian.
Teuing sabaraha lila kuring saré. Ngadadak ngoréjat, basa aya nu ngetrokan panto kamer.
“Saha?” cekéng bari muka simbut, gagancangan muru panto. Bray dibuka. Tapi euweuh sasaha.
Ngahuleng. Naha nu bieu téh ukur dédéngéan kitu? Tapi da atra aya nu ngetrokan panto. Kapan kuring gé hudang téh alatan ngadéngé sora nu keketrok. Moal kitu Bi Marsiah?
“Bi! Bibi!” kuring leumpang ka luar kamer. Tapi nu digeroan teu némbalan. Gancang turun ka patengahan.
Ti lebah kamer tukang, kapireng sora nu ngabangingik. Reg kuring ngeureunkeun léngkah. Lalaunan ngadeukeutan ka lebah éta kamer. Kamer nu can kungsi dibuka ti saprak kuring jeung Bapa nyicingan éta imah. Tapi sigana tadi ku dibuka ku Bapa, keur kamer Bi Marsiah.
Sanggeus aya di hareupeun panto kamer, ceuli diantelkeun kana panto. Gap leungeun nyekel gagang panto. Jantung ngadadak ratug. Naha saha atuh nu ngabangingik di jero kamer? Bi Marsiah kitu? Tapi naha maké ceurik? Jeung deuih sorana matak muringkak bulu punduk.
Panto dibuka lalaunan. Jep, sora nu ngabangingik eureun. Kaayaan di jero kamer meredong. Kuring asup.
“Bi, Bi Marsiah! Aya naon, Bi?” cekéng.
Euweuh nu némbalan. Kuring ngajanteng, niténan sabudeureun. Gancang ngahurungkeun sénter HP nu kabeneran dikeukeuweuk. Nu aya ukur risbang beusi nu euweuh kasuran. Di juru katempo korsi butut, geus barolong. Kamar téh siga nu geus lila teu ditempatan. Jeung deuih asa bau hangru.
Sénter HP dipareuman deui. Bulu punduk asa ngandelan. Kuring gura-giru muru panto. Tapi teu kebat. Karasa aya nu nyekelan suku. Basa dirérét ka handap, katempo aya leungeun péot ti kolong risbang, nyerek mumuncangan.
Éta leungeun dikejetkeun. Leupas. Bareng jeung leupasna panyerek, leungeun péot gé leungit sapada harita.
Kuring panasaran. Lalaunan dongko. Hayang nyaho, saha nu aya di jero kolong risbang. Bréh, euweuh nanaon.
Jung nangtung deui, ngadeukeutan panto. Tapi basa rék ngaléngkah kaluar, panto ngadadak nutup sorangan. Teu bisa dibuka, siga dikonci ti luar.
Can leungit kareuwas, ti tukangeun aya nu niup kana punduk. Gancang dirérét bari nyebrotkeun sénter HP. Kacida kuring reuwasna, basa di tukangeun aya hiji jirim. Nangtung. Saawak-awak dibulen ku samping kebat. Manéhna ngagibeg-gibeg awakna, tuluy ungkug-ungkugan.
“Saha manèh?” kuring satengah nyentak. Tapi nu ditanya teu némbalan. Manéhna ngageuleuyeung ngadeukeutan kuring. Jarak kuring jeung manéhna ukur sababaraha sénti.
Éta jirim semu ngaharéwos, duka teuing nyarita naon. Geus kitu, hing manéhna ngabangingik ceurik balilihan. Sorana mah awéwé.
Sabot éta jirim ngagukguk, kuring neumbrag panto. Panto burakrakan. Beretek lumpat ka luhur, muru kamer. Gancang asup kana simbut. Beungeut dikurubun.
“Naha naon atuh nu bieu téh? Jeung deuih Bi Marsiah ka mana?” kuring norowéco sorangan.
HP dicekel kénéh. Gancang nelepon Bapa. Tapi saméméh nyambung, HP téh pareum, béak batré.
Karasa aya nu ngaharéwos di gigireun. Sorana teu béda jeung nu aya di jero kamer kosong téa. Kuring peureum bari babacaan. Yakin éta téh jurig nu tadi. Heueuh, jirim nu dibulen samping téa.
Teu lila sora nu ngaharéwos teu kadéngé. Kuring mukakeun simbut lalaunan. Ari bréh, geuning nu dipikasieun téh ngalayang luhureun sirah. Kuring ngagorowok sataker kebek bari nungkup beungeut.
Kaangseu bau bangké ngahéok, asup kana irung. Ngadadak hanyang ongkék. Tapi teu lila, éta jirim ngaleungit deui.
Kuring nyusutan késang. Jung cengkat. Gék diuk dina sisi pangsaréan.
Ti luar kadéngé aya nu keketrok bari gegeroan.
“Adén! Aya naon?” sora Bi Marsiah.
Haté reugreug, sabab Bi Marsiah datang.
“Bi, aya jurig. Ari Bibi ti mana waé atuh?” leungeun muka panto. “Geuning di bumi ieu téh aya…!” teu kebat. Panon rarat-rérét ka kénca jeung katuhu. Geuning di hareupeun panto téh euweuh sasaha.
Bulu punduk muringkak deui. Can gé leungit kareuwas, belebeg jirim nu dibulen samping kebat geus aya di hareupeun. Ngajanteng hareupeun panto.
Kuring lumpat ka handap. Muru panto hareup. Sanggeus muka panto, tuluy ngaberengbeng ninggalkeun imah.
Bras ka jalan gedé. Di peuntas kaciri aya warung nu muka kénéh. Opat urang lalaki ngawarangkong. Dariuk dina bangku panjang, bari nyanghareupan cikopi. Gancang disampeurkeun.
Sanggeus aya di hareupeun warung, gék kuring diuk.
“Aya naon Ujang, mani siga nu kareureuwasan kitu?” tanya hiji lalaki kolot.
Barabat kuring nyaritakeun nu cikénéh kaalaman.
“Janten Ujang téh putrana Pa Pulisi nu nembé ngagaleuh bumi ageung itu?” lalaki nu dijékét hideung nunjuk ka lebah imah kuring. Kuring unggeuk.
“Ku Emang baris dipedar rusiah di éta bumi. Kieu, Jang. Kapungkur di éta bumi kantos kajantenan rajapati. Salahsaurang pembantu, nu jenengan Bi Marsiah dipaténi ku dununganana alatan ngawartoskeun talajak dunungan pameget nu salingkuh sareng penyanyi kafé ka dunungan istri. Nya dina hiji wengi, Bi Marsiah dipaténi ku jalan dibakutet ku samping, teras rarayna didedetkeun nganggo bantal. Bumi éta digaleuh ku wartawan, tapi teu ditempatan. Kitu wé kosong. Kinten-kinten genep taun kosongna téh. Dugi ka ahirna digaleuh ku tuang rama “
“Janten Bi Marsiah téh?” kuring ngagerendeng. Sirah nyarandé kana tihang. Awak leuleus taya papadana. Geuning aya carita di éta imah.
Boa Bi Marsiah gé lain rék nyingsieunan, tapi hayang ngabéjaan rusiah di éta imah.
Ras kana dahareun nu tadi disayagikeun ku Bi Marsiah. Orolo, kuring babalongkéngan.***
Lebakwangi, 22 Désémber 2019
Katerangan:
Seratan Puriding Puringkak nu judulna Rusiah di Imah Kosong karya Imam Mutaqin kantos medal di Manglé No. 2764.