Nasution Co

Salah Sahuruf Jeung Kabiasaan Anyar

BÉDA RASA

Mas Yanto téh tukang nasgor langganan Yayat. Kungsi teu dagang waktu Corona keur meujeuhna mahabu. Sanggeus PSBB dikendoran mah Mas Yanto dagang deui. Ngan ceuk létah Yayat mah asa aya nu béda tina rasana.

Yayat: “Mas, geus dua kali dahar, asa aya nu béda tina rasana. Gentos bungbu kitu?”

Mas Yanto: “Ah, sama aja bumbu mah,”

Yayat: “Tapi asa aya nu béda.”

Mas Yanto: “Mungkin dari kebiasaa baru, kan new normal, A,”

Yayat: “Maksudna?”

Mas Yanto: “Kan dulu mah jarang cuci tangan, sekarang mah unggal tos bikin nasi, langsung tangané dicuci,”

Yayat: “Oh…”

 

Yuni Yulianti – Parongpong, Bandung Barat

 

SALAH SAHURUF

Réndi teu jadi indit apél. Padahal keur beurang mah mani agul ngobrolkeun kabogoh anyarna di hareupeun Riki.

Riki: “Naha lain deuk apél manéh téh?”

Réndi: “Teu diijinan ku bapana,”

Riki: “Teu diijinan kumaha, naha kontak heula kitu jeung bapana?”

Réndi: “Nyéta, carmuk uing téh, nanya pesen naon,”

Riki: “Terus témbalna?”

Réndi: “Pesen martabak cenah. Ku uing téh dibales, mangga, Pa.”

Riki: “Terus salahna di mana?”

Réndi: “Salah ketik, jadi mangga, Oa. Ku uing dikonfirmasi téh kaburu nyarékan laklak dasar.”

 

Yuli Yuliana – Cimahi

 

KABIASAAN ANYAR

Ti saprak mahabuna Corona mah, teu meunang aya kariaan. Kari-kari PSBB geus dikendoran, Cindy mah angger leutik haté hayang bisa manggung dangdutan deui téh. Ningali kitu mah Méla jadi nyumangetan.

Méla: “Geus norma deui, new normal. Hayu ah urang show deui,”

Cindy: “Apal teu kudu naon dina new normal téh?”

Méla: “Kudu maké masker, jaga jarak, jeung naon lah da loba,”

Cindy: “Tah éta nu matak hanjelu téh. Ayeuna ka mamana maké masker, maenya nyanyi gé kudu dimasker? Sora nyai jadi gérébég kéh.”

 

Yusi Yusanti – Tanjungsari, Sumedang

 

RS JK

Ema: ”Akang hayu urang pariksa ari hayeuh wae lieur mah.”

Bapa: ”Heeh isuk wang ka mantri.”

Ema: ”Jeuy ulah ka mantri, teu cageur wae. Geus we langsung ka RS JK.”

Bapa: ” RS JK teh singkatan Rumah Sakit Jusuf Kalla lain?”

Ema: ”Ari si Bapa sabara taun hirup di Tasik? Rumah Sakit Jasa Kartini.”

 

Dudew – Ciawi, Tasikmalaya

 

NYAWALAN

Mang Kurdi: “Geus nyawalan?”

Mang Anta: “Ti tanggal dua oge enggeus,”

Mang Kurdi: “Rajin,”

Mang Anta: “Peupeuriheun keur bulan puasa tara,”

mang Kurdi: “Sugan teh nyambung omongan kuring. Atuh eta mah lain nyawalan tapi nyawélan,” 

 

Heni Herlani, S,Pd. – Kawali, Kabupaten Ciamis

 

AYA UNTUNGNA 

Bi Ijum: “Aya untungna baraya teu mudik teh,”

Bi Unah : “Enya, nyinglarkeun panyakit,”

Bi Ijum: “Eta ongkoh. Mun mudik teh aduh kalah matak loba geroheun,”

Bi Unah: “Leuheung ari bari kikiriman mah,”

Bi Ijum: “Boro raah. Nu puguh mah kuring nu mahanan!”

 

Heni Herlani, S,Pd. – Kawali, Kabupaten Ciamis

 

T.O

Elin: “Hayang TO?”

Ilen: “Embung. Karek oge bieu beres ngerjakeun latihan soal,”

Elin: “TO teh lain soal Try Out, tapi Tutug Oncom,”

Ilen: “Oh, puguh we erek. Dieu bawa saboboko!”

 

Hermana – MA Pakunagara Cipaku, Ciamis

 

MEULI PULPÉN

Yanti: “Bi, meuli pulpen,”

Bi Isyah : “Pulpen? Geus teu usum,”

Yanti: “Kutan?”

Bi Isyah: “Ayeuna mah sagala rupa online, “

Yanti: “Atuh dagang naon ayeuna di warung?”

Bi Isyah: “Dagang komputer  jeung HP,”

 

Hermana – MA Pakunagara Cipaku, Ciamis