Sabot ngadéngé adan Isa, barudak téh kalaluar ti imahna séwang-séwangan, laju lalumpatan ka masjid. Haneuteun ku sora sendal jeung rarécét patémbalan. Sanepina ka masjid gé, kadatangan barudak mah jadi ramé. Da saacan abus gé geus aya sora gedag, gedug, narincakan wangunan panggung.
Meureun jamaah téh ngarasa kagandéngan ku polah barudak. Nepi ka aya bapa-bapa nu galak. Nu remen nyarékan bari popolotot. Najan geus takbiratul ihrom gé, barudak ribut ti tukang, pirajeunan ngalieuk tuluy dus dis. Kituna téh lain ukur waktu barudak raribut keur tarawéhan. Keur ngadulag gé sok nyisikudi.
“Pikasebeleun bapa-bapa itu,”
“Nyarékan waé, geuleuh da,”
“Sarua urang gé keuheul,”
Barudak téh bangun nu nyidem dengdam. Nya peuting éta mah tarawéhan téh teu cara sasarina. Maksud sasari di dieu téh, miluanana ukur dua rokaat, ka dituna mah ulin, hareureuy, raribut, tah miluan deui téh engké pas witir. Haha. Cara tarawéh ayeuna mah leuwih lantip. Da satutas milu dua rokaat, barudak téh tuluy ka téras masjid, badamian. Rék kumaha mudalkeun kakeuheul. Mucunghul wéh ideu ngahilikeun sendal. Disatujuan.
Kompak barudak téh ngahilikeun sendal. Dijieun sisirangan unggal rampasanana. Sendal nu ngabarak sakuriling masjid téh hiji ogé taya nu kaliwat. Iwal ti sendal si bapa-bapa nu galak.
“Urang sumputkeun dina talang,” cekéng téh. Laju sendal dicokot, lung kana talang.
Geuning ngahilikeun sendal téh lumayan lila. Ampir-ampiran katohyan mun teu digancangan mah. Najan kitu, angger bakal piomongeun. Nya barudak téh nyarumput di luhur.
Sanggeus salam jeung babacaan, jamaah mimiti kalaluar. Rareuwaseun meureun, nyampak sendal téh sisirangan. Lain hiji, tapi kabéh.
“Ieu sendal nu saha?” ceuk saurang jamaah bari ngacungkeun sendal.
“Ari ieu nu saha?” témbal nu lianna.
“Géhél téh, sendal urang hiji deui ka mana?”
Barudak téh pating cikikik nempo nu raribut néangan sendal. Kabéh jamaah masjid sibuk naréangan sendal. Mangkaning masjid nu jadi pangjugjugan warga salembur. Atuh ngakurkeun rampasan sendal waé nepi ka 3 jam. Untungna masjid téh caang, da aya listrik nu sumberna tina tanaga disel.
Nu parah mah, si bapa éta, satutas tilu jam téh, angger teu manggihan. Da sendalna disumputkeun dina talang. Tungtungna mah si bapa téh balik maké sendal hiji. Katurug deuih sendalna jangkung tina kai, jadi leumpangna téh ingkud-ingkudan. Meureun ditéangan teu kapanggih, rék diantepkeun nu sabeulah deui gé lebar. Antukna maksakeun dipaké najan leumpangna siga nu geus nincak ranjow darat. Ningali kitu barudak seurina bangun mupuas nepi ka nyeri kulit beuteung.
Isukna kapanggih, yén éta tarumpah téh aya dina talang.
“Kalakuan saha ieu?” sesentak ka barudak.
Barudak jarempé. Najan tuluy disentakan gé teu kecét-kecét. Lain ngahép-hép alatan sieun, tapi ningali si bapa éta nyarékan téh, ras inget kana kajadian peuting, waktu leumpang ingkud-ingkudan maké sendal sabeulah.
Pangalaman taraweh mangsa keur budak