Nasution Co

Singgetan Basa Sunda Jeung Hiji Sawal

KOLOT JEUNG BUDAK

Kolot : “Jang, cing pangmeulikeun inuman nu tiis ti warung, nya!”

Budak: “Koka kola atanapi Seprit, Pa?”

Kolot: Koka kola we, Jang! 

Budak: “Anu kaleng atanapi botol?”

Kolot: “Botol bae!”

Budak: “Botol alit, botol ageung?”

Kolot: Aeh-aeh…., dasar budak tolol. Geus, meuli cai biasa bae….! “

Budak: Akua atanapi naon?” 

Kolot: “Akuaaa nu gampang!”

Budak: “Nu biasa atanapi nu tiis, Pa?” (ngomongna serius pisan!) 

Kolot: “Astagpirulloh….., Di mana sapu? Digebug geura siah ku sapu!”

Budak: “Sapu nyere atanapi Sapu injuk, Pa?”

Kolot: “Laillahailelloh….,dasar sia mah kawas sato bae….!”

Budak: “Siga embe atanapi munding, Pa?”

Kolot: “Siga embe, goblog!”

Budak: “Embe ceme atanapi Embe badot, PA?”

Kolot: “Ehhh, Setan sugan  sia mah!”

Budak: “Tuyul atanapi gandarewo?”

Kolot: “Heueuh, kumaha sia bae lah. Halik siah, nyingkir, siah, mantog, siah….!”

Budak: “Dinten ieu atanapi enjing, Pa?”

Kolot: “Ayeuna pisan, mantog, siah……!”

Budak: “Bapa bade ngiring moal?”

Kolot: Masya Alloh…., gelo sugan sia teh, dipaehan geura siah ku aing!”

Budak: “Ditubles atanapi dibedil, Pa?”

Kolot: “Dibedil siah ku aing ……!”

Budak: “Sirah atanapi beuteung, Pa?”

NAAAA….., GELEPEK TEH SI KOLOT TIGUBRAG…..!”

 

Andang S. Poeraatmadja – Jl. Mujaer Kaler no. 29 Bandung

 

SINGGETAN BASA SUNDA

Bu Guru: “Wida, ari KAPOLRI singgetan tina naon?”

Wida: Kepala Polisi Republik Indonesia, Bu!”

Bu Guru: “Bener, alus. Ari KBRI, naon, Dian?”

Dian: “Kedutaan Besar Republik Indonesia!”

Bu Guru: “Ayeuna….. SATPAM, singgetan tina naon, Adeng?”

Adeng: “Satuan Keamanan, Bu!”

Bu Guru: “Satuluyna ……, ari KUHP, naon hartina, Komar?”

Komar: “Kitab Undang2 Hukum Pidana, Bu!”.

Bu Guru: Ibro, cing ari SUPERSEMAR, naon?”

Ibro: “Sadayana oge terangeun, Bu, da eta mah tos populer!”

Bu Guru: “Enya, tapi Ibu hayang mastikeun, naon eta hartina!”

Ibro: “Sumuhun, mangga atuh, Bu!”

Bu Guru: “Gancang atuh sebutkeun!”

Ibro: “Upami SUPER SEMAR teh bapana SUPER Cepot, Bu!”

Bu Guru: “Ibro, ka dieu! Nangtung di juru!”

 

Andang S. Poeraatmadja – Jl. Mujaer Kaler no. 29 Bandung

 

HIJI SAWAL

Idun nanya ka sobatna Cucun, pedah manehna geus teu sabar hayang geura-geura lebaran. Rek pamer baju anyar najan dina usum korona siga ayeuna oge.

“Cun, ari lebaran teh jadina tanggal sabaraha ayeuna? Bisi wae beda jeung ganti tanggal!”

“Sok ngaco ilaing mah. Maenya aya lebaran ganti tanggal jeung beda. Dimana-mana oge lebaran mah tanggalna pasti 1 Syawal!”

 

Samsul Bahari – Leles, Garut

 

MUDIK

Wawan katembong keur beberengkes bari tuluy babawaanana dicobaan dibawa.

Idun: “Rek kamana maneh, meuni angkaribung sagala dibawa kitu?”

Wawan: “Apan rek mudik uing teh!”

Idun: “His! Apan teu meunang. keur usum korona apan ieu teh!”

Wawan: “Bae wae, da deukeut ieuh mudikna oge!”

Idun: “Eh, aturan tetep aturan. Jauh deukeut tetep teu meunang!”

Wawan: “Da uing mah rek mudikna oge ka imah mitoha. Eta nu imahna ditungtung komplek urang!”

 

Samsul Bahari – Leles, Garut

 

KÉNCA KATUHU

Awan: “Kunaon suku manéh kalotor?”

Sodik: “Keur ngantri tajil, kolek bahé kana suku kénca,”

Awan: “Ari nu katuhuna?”

Sodik: “Keur ngumbah suku, ari pék nu dibahékeun téh cai pangumbahan.,”

 

Irwan Kumbara – Bogor

 

TOKO BPJS

Rama: “Geus meuli baju lebaran, euy?”

Romi: “Acan da néangan tokona euweuh nu cocok,”

Rama: “Naha néangan toko nu kumaha?”

Romi: “Toko nu narima BPJS.”

 

Jaka Prabawa – Kiara Condong, Bandung

 

SILIH HAMPURA

Roni: “Lebaran mah kudu silih hampura.”

Asép: “Enya, hampura urang sok cétingan jeung Méla!”

Roni: “Dihampura, ngan gara-gara éta basa mangkukna Méla putus jeung uing,”

 

Jaka Prabawa – Kiara Condong, Bandung