Nasution Co

Téréh Puasa Jeung Piripuheun

Téréh Puasa

Geus asup bulan Rajab mah bakal téréh ka puasa téh. Lantaran kitu, Wawan, Udus, jeung Diki, tihothat dagangna da baroga kahayang séwang-séwangan.

Wawan: “Rék leuwih getol dagang téh supaya lebaran bisa ulin jauh, deuk liburan uing mah,”

Udus: “Uing mah hayang nanyaan Néng Méli. Bisi kaburu dicangreud batur,”

Diki: “Kahayang uing mah punah hutang ka Bang Émok. Percuma ulin gé ari aya kénéh pikiraneun setoran mah. Jeung moal ditarima lamaran gé, da kolot mana nu rido budakna milu diuudag nu naragih!”

Wawan & Udus: “Bener nya!”

 

Mamat Suryana

Cikajang, Garut

 

Piripuheun

Mahabuna pireus Corona téh ngalantarankeun hahargaan naraék. Samalah mah gula bodas nepi ka jadi langka. Imat jadi ngarahuh.

Imat: “Kumaha ieu nya gara-gara pireus Corona hahargaan jadi naraék.”

Andi: “Keun baé ulah dipikiran.”

Imat: “Nya kudu dipikiran atuh. Geus deukeut ka puasa mah hahargaan sok naraék, ayeuna katambah ku Corona. Paur teu bisa ngolek wé.”

Andi: “Ulah melang. Turutan wé cara uing, perkara tajil mah saaya-aya di masjid wé.”

 

Maman Suryaman

Cililin, Bandung Barat

 

Ngaborong Sarung

Sanajan dicarék ku pamaréntah ulah ngabajong barang ku alasan geumpeur pireus Corona gé, masih kaciri nu rarébo mawa barang. Kaasup Kang Jumadi. Tapi manéhna lain ngabajong masker atawa bahan pokok, Jumadi ngabajong sarung Majalaya. Héndi jadi hémeng.

Héndi: “Kang naha naha keur kanceuh Corona téh ngadon ngabajong sarung Majalaya?”

Jumadi: “Lah pikiran téh ilaing mah kana panyakit wé.”

Héndi: “Deuk nyieun masker tina sarung?”

Jumadi: “Lain, dibajong téh pédah sakeudeung deui puasa, terus lebaran. Bakal loba nu butuheun.”

Héndi: “Enya nya. Komo mun diwawarkeun yén sarung bisa nangkis Corona. Bakal leuwih payu geura.”

Jumadi: “His ulah kitu! Mending gé wawarkeun mah, mun maké sarung awak bakal kebal pireus.”

Héndi: “Bisa jadi Kang.”

 

Abah Momon

Singaparna, Tasikmalaya

 

Kaos Belang

Abo jeung Aba keur ulin di curug, di landeuh katempo aya dua mojang maké kaos nu sarua, belang siga kuda zebra. Tayohna Mira jeung Rani nu keur ditalaksir ku Abo jeung Aba.

Abo: “Ba, itu dua mojang kécéngan urang, nya. Tapi nu katempo tonggongna wungkul. Siga kembar bajuna gé sarua ning.”

Aba: “Cik… énté bisa ngabédakeun teu nu mana Mira nu mana Rani… da uing mah teu bisa, tuda buukna gé sarua tukung.”

Abo: “Lah… ngabédakeun waé piraku teu bisa. Mira mah nu kaosna bodas belang-belang hideung.”

Aba: “Ari Rani?”

Abo: “Nu kaosna hideung belang-belang bodas.”

Aba ngahuleng

 

Komsut – KBB

 

Raja Ceré

Ani: “Ema, Ani mah alim dijodokeun ka kang Adang!”

Ema: “Is, naha geulis? Naon kakirangan kang Adang sakitu pakaya ngaleuya!”

Ani: “Cenah jago nyerahkeun, éta wé dilandi si Raja Ceré!”

Ema: “Ih, éta mah mémang Bandar Raja Ceré, lain jago nyeréykeun… euh ni oon!” (keuheul)

 

Komsut – KBB

 

Jodo

Indung: “Wayahna kudu daék kawin jeung Cép Agung putra Bapa Camat!”

Anak: “Alim, Ema!”

Indung: “Naha mungpang kahayang kolot? Naon kakurangan Cép Agung? Kasép, beunghar, sakolaan… bageur deuih.”

Anak: “Ari teu bogoh… sok wé keur Ema!”

Indung: “Mun bogoheunna ka Ema mah, moal ditawarkeun ka manéh!”

 

Komsut – KBB