Nasution Co

Teu Cukup Jeung Pamajikan HIji

TEU CUKUP

Héboh artis Dinda HW nu sagala teu bisa. Abong jalma sohor, sagala diturutan. Nya Rina gé jadi leuwih rajin ngurus beungeutna.

Rina: “Pameunteu kedah glowing,”

Yéti: “Angger gaplah glowing gé,”

Rina: “Lah sirik waé,”

Yéti: “Enya ku beungeut glowing mah bisa meunangkeun lalaki kasép.”

Rina: “Terus masalahna?”

Yéti: “Teu cukup glowing wungkul. Mun ditanya ku mitoha, bisa masak teu? Moal bisa ditémbal, ah, da Néng mah tos glowing. Ari hayang mah dibalédog mutu.”

 

Réndi Sumangga – Cileunyi, Kab. Bandung

 

TEU DIANGGAP

Aya nu nanyaan awéwé ukur ku omongan, ‘nikah wé heula, rejeki mah bisa ditéang’. Inget ka dinya, Soni mapatahan Ujang supaya nurutan.

Ujang: “Moal matih ku urang mah,”

Soni: “Cobaan heula nanaon gé.”

Ujang: “Manéhna mah ngomong kitu téh da geus beunghar ti dituna, jaba artis nu pangasilanana badag. Nya kolotna pasti percaya.”

Soni: “Terus mun manéh ngomong kitu?”

Ujang: “Paling ditémbal ku kolotna kabogoh, dih sudi teuing masrahkeun budak sina dibawa sangsara!” 

 

Robi Subagja – Cililin, Kab. Bandung Barat

 

TEU JADI

Rahmat nu tadina deuk rerencepan jeung Nita téh ngabolaykeun paniatanana. Puguh matak bingung keur Asép mah.

Asép: “Naha bet teu jadi kitu?”

Rahmat: “Moal kataékan ku uing mah.”

Asép: “Teu kataékan lebah mana na?”

Rahmat: “Éta geura, manéhna balaka sagala teu bisa siga bebengok Dinda HW.”

Asép: “Salahna di mana?”

Rahmat: Tekor atuh uing, haben wéh kudu meuli masakan, muruhkeun nu bébérés. Mun ku uing dipigawéna? Lah keur naon boga pamajikan.”

 

Rani Astuti – Cimahi

 

BÉBÉK

Kabayan: “Ari éntog mun dibébék-bébék… paéh moal?”

Lamsijan: “Nya, paéh atuh…”

Kabayan: “Nya, moal da éntog téh bébék-bébék kénéh. Sakali deui, ari éntog mun dibébék-bébék, paéh moal?”

Lamsijan: “Moal.”

Kabayan: “Nya, paéh atuh. Sok ku ilaing bébékkeun geura!”

 

Komsut – KBB

 

PAMAJIKAN HIJI

Budak: “Mah, poligami téh naon?”

Indung: “Poligami téh aya dua, poligini jeung poliandri.  Lalaki boga dua pamajikan disebut poligini, awéwé boga dua salaki disebut poliandri.”

Budak: “Mun salaki gaduh hiji istri, naon tah?”

Indung: “Monogami…”

Budak: “Tapi saur si Bapa mah… mono… ton.”

Indungna bangkenu.

 

Komsut – KBB

 

BUNTUT UCING

Abang: “Bing, buntut ucing… tungtungan teu?”

Abing: “Tungtungan.”

Abang: “Nya, henteu atuh, piraku disada tung… tung… sakali deui, ari buntut ucing tungtungan teu?”

Abing: “Henteu.”

Abang: “Nya, tungtungan atuh. Mun teu tungtungan mah meureun panjang teuing nepi ka mana.”

 

Komsut – KBB

 

TEU BOGOH

Kardun : “Kamana, Mang?”

Emang : “Ka tempat ngadu domba, Dun.”

Kardun : “Geuning nyandak domba bikang?”

Emang : “Da uing mah taya maksud ngadu. Mawa domba bikang soteh sabage hadiah. Sing saha wae domba jalu nu meunang tarung, hadiahna …dikawinkeun jeung domba uing ieu!”

Kardun : “Ari Emang … Domba bikang regung begung kitu…Abdi wae teu bogoh…komo domba!”

Emang : “ Iiiih …!”

 

Tehas Fb – Bandung

 

NGALEUNGIT

Ustad : “Baheula, santri-santri Barsisho sarakti. Indit ka pasantren teh tingkalayang ngarapung!”

Amir : “Apan santri-santri salira ge sarakti, sanes?”

Ustad (rebeh irung) : “Maksad saderek, sakti kumaha?”

Amir : “Santri-santri salira mah langkung sakti…Nembe masantren sadinten dua dinten tos tiasa ngaleungit!”

Ustad : “Jurig! Lain ngaleungit…Kalabur, teu betaheun!”

 

Tehas Fb – Bandung

 

SIDAK

Pa Walikota ngayakeun sidak ka hiji tempat. Sup ka jero kantor… Kasampak para pagawe keur jarunun digarawe. Anjeunna imut reueus. Sup ka ruangan gigireunana. Kasampak di jero eta ruangan jelemana keur aranteng we maen catur. Haok anjeunna ngahaok : “ Ari maraneh rek kitu wae pagawean teh…? Ieu teh jam kerja, nyaho ?!” pokna. Nu keur maraen catur arolohok.

“Punten Pa Wali…apan ieu mah kantor olahraga catur, “ ceuk ajudanana ngaharewos. Pa Walikota ceuleuyeu nyumputkeun kaisin.

 

Tehas Fb – Bandung