Nasution Co

Ti Enol Jeung Mobil Elp

TI ENOL

Wawan ngangluh ka babaturanana, pedah mindeng ditampik wae ku awewe nu dipikabogohna, padahalna niatna seurius, lain rek heuheureuyan, tapi rek terus ka bale nyungcung.

Wawan: “Jaman kiwari mah memang hese neangan awewe nu teu piduit teh!”

Akil: “Naha?”

Wawan: “Apan lolobana mah calon pamajikan teh hayang boga calon salaki beunghar, loba duit, minimal cenah boga geus boga imah sorangan!”

Akil: “Rea keneh wanoja nu teu kitu?”

Wawan: “Rea dimana?”

Akil: “Di SPBU. Geura wanoja nu dipanggihan apan nyebutna oge, “Ngawitan ti enol nya, Kang…”

 

Astra Wiwaha – Tanjungsari, Sumedang

 

MOBIL ELP

Mobil elp mangprung, supir teh sigana ngarasa jalan nu sorangan teu paduli batur.

Panumpung: “Kira Kang… Kiri…”

Mobil terus mangprung.

Panumpang: “Kiri… kiri… kiri…” bari ngagebrag-gebrag panto mobil.

Geus rada lila kerek mobil elp teh eureun.

Panumpuang kukulutus: “Euh… jauh teuing atuh euy eureun di dieu mah, uing kudu leumpang deui, ngagawekeun pisan!” kituna teh bari satengah ngalungkeun ongkos ka kenekna.

Kenek: “Sawios langkung mah atuh, Kang. Haratis teu kedah nambihan!”

 

Sena Mulyana – Ciaul, Sukabumi

 

DAGANG MASKER

Tempat wisata geus mimiti dibaruka. Nu bariasa dagang gé milu bungah. Tapi aya nu angger dagangan, aya deuih nu pindah ka dagangan nu lian.

Soni: “Sép, naha teu dagang cilok deui?”

Asép: “Geus loba nu dagangna.”

Soni: “Euh, ari éta rék dagang naon?”

Asép: “Masker. Apan mun rék asup tempat wisata téh kudu maraké masker, ari di lawang asup mah pan marahal. Lah ku uing dibédakeun dua rébu gé bakal ditebak.”

Soni: “Pinter manéh.”

Asép: “Sugan teu loba nu nurutan.”

 

Acéng Subagja – Limbangan, Garut

 

KAPOK

Riki: “Kapok uing mah embung wawanohan deui jeung uukhtian,”

Andri: “Kéla-kéla, kenalan dina naon ieu téh?”

Riki: “Dina médsos.”

Andri: “Enya atuh da lolobana mah diropéa. Video call atuh,”

Riki: “Unggal video call manéhna maké cadar.”

Andri: “Ari kapokna di mana?”

Riki: “Nya beungeut aslina, ari ekspektasi mah Alhamdulillah, ari realitana Innalillahi,”

 

Agus Wicaksana – Singaparna, Tasikmalaya

 

BALIK NAMA

Pulisi: “Ibu, motor Ibu kedah balik nama.”

Ibu-ibu: “Alim ah, kedah balik nama mah…”

Pulisi: “Kedah atuh, Ibu… supados ka payunna gampil pami nguruskeunana.”

Ibu-ibu: “Bapa Pulisi, ulah maksa atuh. Abdi alim balik nama. Nami abdi téh   Maya H. Rujub. Cobi pami dibalik nama, panginten janten Bujur H. Ayam.”

Pulisi: “???”

 

Komsut – KBB

 

MEUNTAS JALAN

Abud jeung Robi, budak umur genep taun keur nangtung sisi jalan. Rék meuntas tapi kalah ngajegjen geus satengah jam. Disampeurkeun wé ku emangna.

Emang: “Lain rék meuntas?”

Budak: “Muhun.” (némbal bareng)

Emang: “Ku Emang pan geus dipapagahan. Mun rék meuntas kudu kumaha?”

Budak: “Ngalieuk ka kénca.”

Emang: “Tuluy?”

Budak: “Ngalieuk ka katuhu.”

Emang: “Naha atuh ngajengjen waé?”

Budak: “Apan  mobil motor can aya nu ngaliwat.”

Emang (gogodeg)

 

Komsut – KBB

 

FOTO MODÉL

Barudak di buruan keur silih agulkeun babaturan ninina séwang-séwangan.

Budak 1 : “Réréncangan nini abdi mah seueur nu janten pejabat.”

Budak 2 : “Nini abdi gé seueur nu janten guru.”

Budak 3: “Komo nini abdi mah tos janten foto model.”

Budak 1 + budak 2: “Foto model dina majalah naon?”

Budak 3: “Dina buku Yassien.”

 

Komsut – KBB

 

LEUWIH PERCAYA

Jaman baheula, nalika kandaraan masih make kuda. Mang Amin ngadatangan sobatna Mang Dili, maksudna rek nginjeum kuda keur ka leuweung.

Amin: “Cing nginjeum kuda euy, urang aya perlu rek ka leuweung!”

Dili: “Euweuh kudana oge keur dipake moro ku anak uing!”

“Hiiihhhggghhh…” teu kungsi lila di pipir imahna kadenge kuda hihieman.

Amin: “Eta geuning aya sorana mah?”

Dili: “Maneh leuwih percaya ka uing atawa ka kuda?”

 

Koko Koswara – Setiabudi, Bandung