Nasution Co

Usum Ketir Jeung Hayang Dikarantina

USUM KETIR

Basa mangkukna komplek imah téh disemprotan disinfektan. Poé ayeuna difoging. Atuh matak ngagamahan ka Sadil jeung Yana nu pagawéanana ukur gégéléhéan bari nyoo hapé.

Sadil: “Loba kénéh haseupna. Maenya kudu ngagolér di téras batur mah.”

Yana: “Heueuh, naha kunaon nya kaayaan ieu dunya téh,”

Sadil: “Ah, maenya teu apal. Kapan dina medsos keur ramé DBD. Jaba Corona gé can nyingkah,”

Yana: “Usum ketir nya?”

Sadil: “Heueuh. Ngan aya nu leuwih ketir engké sabulan deui, bulan Rayagung,”

Yana: “Waduh panyakit naon tah?”

Sadil: “Ditinggalekun kawin ku popotongan,”

 

Andi Kurnia – Cipatat, Bandung Barat

 

HAYANG DIKARANTINA

Sanggeus dilarapkeun pola kabiasaan anyar mah, barisa deui aktivitas. Kitu deui nu kawin gé bisa ngulem ngan diwates. Éta nu matak hanjelu keur Suhéndi.

Suhéndi: “Salah, kuduna karantina téh pas deuk nyedek ka Rayagung,”

Arif: “Dih naha? Sakitu dina bulan éta mah keur meujeuhna loba daging,”

Suhéndi: “Heueuh, tapi, loba uleman ogé. Pan mun dikarantina mah moal nampa uleman, moal hambur duit.”

 

Aldi Sutéja – Balééndah, Kab. Bandung

 

DIBUKA DEUI

Sandi: “Tempat wisata geus dibuka deui. Hayu urang piknik,”

Déri: “Asa horéam da pasti bakal aya nu kurang.”

Sandi: “Naon nu kurangna?”

Déri: “Pengunjung kudu maké masker. Atuh moal bisa cuci mata.”

Sandi: “Heueuh nya. Deuk kenalan jeung awéwé gé ari diteregos mah bisi jonk!”

 

Agus Supriatna – Cimahi

 

DAGANG DI IMAH

Barna : “Gara-gara pandemi, loba jalma nu kaleungitan gawé.”

Darno : “Alhamdulillah, berekah stay at home… pamajikan jadi parigel dagang.”

Barna  : “Dagang naon?”

Darno  : “Sagala rupa, ti mimiti blénder, mixer, setrikaan, dispénser, piring gelas mah geus puguh. Kadieunakeun, TV, kulkas, mesin cuci, risbang, lomari, korsi… malah imah gé keur ditatawarkeun!”

Barna  : “Beu… alamat banda korédas atuh!”

 

Komsut – KBB

 

RUMAH SAKIT

Ceu Cucu : “Ti mana Ceu Yayah, kotka siga nu lungsé kitu?”

Ceu Yayah : “Ti rumah sakit!”

Ceu Cucu : “Aya saha di rumah sakit?”

Ceu Yayah : “Aya suster, dokter, pasén jeung nu ngaralongok wé!”

Ceu Cucu (gogodeg)

 

Komsut – KBB

 

MEUNTAS JALAN

Di kelas dua, Bu Guru  méré patalékan saméméh budal sakola tur rék ngingetan deui kumaha carana meuntas jalan sabab lolobana murid téh mulangna kudu meuntas jalan gedé.

Bu Guru : “Barudak, pami meuntas jalan kedah naon cobiii?”

Ano ngacung pangheulana.

Bu Guru : “Cobi waler ku Ano!”

Ano : “Kedah nyandak acis, Bu…”

Bu Guru : “Naha nganggé kedah nyandak acis sagala?”

Ano : “Apan Apa Ano mah supir angkot, Bu. Janten mun tas jalan kedah nyandak acis, kitu saur Mamah gé.”

Bu Guru : “Sanés mun tas… tapi meuntas jalan mah kedah luak-lieuk.”

 

Komsut – KBB

 

KUMAHA IBU

Si ibu turun tin angkot, tuluy ngasongkeun duit ka supir rek mayar.

Supir: “Ibu ti mana ?”

Si ibu: “Ti bumi réréncangan !”

Supir: “Naek ti mana ?”

Si ibu: “Ti panto !”

Supir: “Kumaha ibu we …… !”.

 

Edje Rusmana – Jl Taurus Bdg

 

PENSIUN DINI

Para setan ngahadep pimpinan hayang pangsiun dini !.

Pimpinan: “Naha ku nanon ?”

Pr setan: “Sabab kuring sok dikambing hitamkeun, unggal kajadian majarkeun diganggu setan, saperti nu gering, maksiat, mabok, kabeh nyalahkeun kuring. Sedengkeun manusa leuwih palinter ngagarodana batan setan.

Pimpinan: “Heup, heup, laporan ditarima !”

 

Edje Rusmana  – Jl Taurus Bdg