Jodo téh geus aya nu ngatur. Kumaha sangkan percaya yén aturan éta téh geus témbong? Nya ceuk kuring mah aya waé alesan keur ngahiji atawa deuk pisah sok sanajan henteu direncana.
Malem Minggu barudak ngajak ngariung. Sapardi mah atoh da pikiranan keur rarudet alatan awéwé. Mita keukeuh hayang Sapardi ngadatangan kolotna. Ari Sapardi can boga cecekelan, jadi teu boga kawani deuk ngomong téh. Jaba lian ti éta, Mita téh beuki loba kahayang, nu sawaréh mah bangga rék disubadanan.
“Urang téh hayang pepegatan jeung Mita. Kudu waé ka imahna, jaba alatan kadieunakeun mah loba paménta. Tapi bingung naon alesanana,” pokna téh laju nyekéskeun korék kana tungtung rokona.
Keur anteng ngalobrol téh hapé Sapardi hurung. Babaturan nu lainna mencrong. Bray téh dina layar hapéna aya beungeut awéwé. Mita ngavideo call.
“Nuju di mana?”
“Nuju nongkrong sareng réréncangan.”
“Uh nya, énak wé tiasa nongkrong. Mita téh ngantosan di-chat, ditelepon, di-VC, ieu kalahkah anteng sareng réréncangan.”
Sorana téh mani harus. Keur mah volumena tarik jaba di café keur teu nyetél musik.
Sapardi teu némbalan.
“Ngaroko nya?”
Sapardi némbongkeun udud nu keur hurung dina Ramona.
“Tuh nya, Mita mah teu resep ah ka nu ngaroko téh.”
Ditingali téh Sapardi beuki horéam mairan.
“Terus minumna naon?”
“Bir! Tah tingal…” Sapardi némbongkeun botol bir.
“Jaba ngaroko, jaba nginum bir, teu perhatian deuih. Tos ah atosan!”
Video call dipareuman. Sapardi nunda hapéna. Nyedot roko mani anteb. Antara ngarasa longsong jeung nyérédét hate.
“Kabogoh manéh, éh maksud téh popotongan manéh, gening euweuh kanyaho nya?” cekéng téh geus tatadi hayang betus.
“Heueuh, maenya bir peletok waé teu nyaho.” Jali mairan. Der saleuseurian.
“Sabodo teuing, hayu bersulang!” Sapardi ngangkat botol bir peletok. Tréng paadu.
Férdi Rukmana
Buahbatu, Bandung