Kawin jeung Ékasari téh geus nincak taun kalima, hanjakal can dipercaya boga turunan. Hiji mangsa manéhna nyokot jatah cuti ti pagawéanana, cenah mah hayang méakkeun pakancina téh di lembur, di Singaparna. Sugan waé ari uteukna teu juwet alatan ngagugulung pagawéan mah bisa gancang boga budak, pan kitu papatah dokter ogé.
Poé éta bapa ngajak botram ka kebon, bisi hayang kukurud haneut, dibawa ka lembur mah tara ngari ku nu marénta, pajarkeun téh.
Anjog ka saung, bapa mah tuluy ngalacat naékan sigay, nurunkeun lahang dina lodong.
“A, dupi itu buah naon mani seueur?” Éka nunjuk kana caruluk nu nambru di pipir saung.
“Éta téh buah caruluk! Icaleun ka bandar cangkaléng ”
“Oh, kutan nu kitu buah cangkaléng téh? Nembé terang. Padahal cangkaléng téh saé kanggo nu kagungan kasakit lambung mah A, nuangna sadinten lima siki sateuacan kararaban nanaon” pokna medar ngeunaan hasiat buah cangkaléng, dumasar tina pangalaman Téh Ina, lanceukna.
Teu lila bapa norojol bari nanggeuhkeun lodong eusi lahang di gigireun hawu.
“Dang, pangnaheurkeun bisi kaburu haseum! Bapa rék néang heula sadapan nu di lebak,” ceuk bapa, sanggeus papadon tuluy indit deui bari ngajingjing lodong kosong.
Sanggeus mawaan suluh tuluy mirun seuneu. Éka mah ngadon ngaprek ka kebon metikan sirung sampeu jang lalabeun.
Rentang-rentang ema norojol ngais sangu dina boboko.
“Ari Si Nyai ka mana, Dang?” pokna bari rurat-rérét.
“Tadi mah ngundeur pucuk sampeu, Ma!”
Teu lila nu ditanyakeun téh norojol bari jeung sumengir, leungeunna nungkupan biwirna.
“Ku naon, Nyai Anaking?” ema gancang muru, bari ngilikan biwir Yanti nu jeding semu tutung.
Yanti teu némbal, curukna nunjuk ka pipir. Kuring jeung ema muru ka tempat nu dituduhkeun ku Éka, bréh teu jauh tina caruluk nu ngagunduk, aya caruluk nu misah lima siki. Nu hiji beulah tapak ngagorogot. Ambuing…! Na’ atuh lain béjaan, Sardang…!” ceuk ema ngagelendeng.***
Dadang Romansyah
Sukamulih – Tasikmalaya