Nasution Co

Ceuk sakaol mah ngarayakeun maleman taun baruan téh lain budaya urang. Tapi ku anéhna téh naha loba nu ngareuah-reuah, samalah mah nepi ka maksakeun sagala. Nya kaasup kuring. Kapan nyaho hujan gedé ti beurang kénéh. Éh, da panasaran wé mun teu ulin ka Bandung téh.

Padahal mah da teu milu taun baruan gé moal matak bisul ieuh. Tapi dasar babaturan, keur mah deuih umur geus leuwih ti saparapat abad mah meureun panungtungan ulin abring-abringan téh. Da geus manjing lakirabi, tuluy ngurus rumah tanggana séwang-séwangan, boro-boro aya waktu keur ulin lampar siga kitu.

Kacaturkeun kumpul téh di imah Gunawan. Strategis kasebutna mah, da muru Bandung téh bisa ngaliwatan Moh. Toha, Sapan, atawa, Cileunyi. Aya ku bageur, sabot nungguan nu lainna karumpul téh Gunawan hideng nyuguhkeun kopi jeung lalawuhna.

Babaturan jul jol. Hujan gé ngaraatan. Acan raat pisan, tapi geus arindit. Ngahaja néangan iber, cenah liwat Sapan mah aman. Nya geus wé ka dinya, da bisa bras ka Gasibu. Dasar kudu balik deui, Iwan katingaleun dompétna. Atuh babaturan téh ka teun Iwan. Édas, sanggeus di teun Iwan, banjir mani rongkah.

“Hayu ah, meungpeung can gedé!” ceuk Gunawan bari ngahurungkeun motorna.

“Rék ayeuna atawa ngadagoan raat? Kumaha, Iwan?” kuring hayang nandeskeun.

“Mending ayeuna wé, pigedéeun sigana mah da di kulon masih paroék.”

Gorolong indit. Éh di parapatan banjir semet cangkéng. Néangan deui jalan nu lain kajeun nguriling. Sanepina ka tungtung, sarua baé banjir gedé. Tuluy wé kukurilingan, teu karasa waktu geus nepi ka pukul sabelas peuting, béngsin gé mimiti saat.

“Dan, Dani…” aya nu ngageroan.

Kuring ngarérét. Dina poékna peuting aya saurang lalaki keur ngagupayan. Ah, disampeurkeun, gening Énda, babaturan keur SMP.

“Rék ka mana manéh?”

“Taun baruan,”

“Moal bisa ka mamana siah sakurilingna katingker banjir,”

Tadina mah hayang manggih kekecapan nu matak nyumangetan. Ngadéngé kitu mah jadi ngepér. Keur mah geus carapé, babaturan gé kitu bangun nu sadrah.

“Geus taun baruan di dieu, hayu urang ngabeuleum jagong.”

Kuring unggeuk. Ngarérét ka babaturan bangun nu nyatujuan. Nya enggeus wéh motor diparkirkeun. Ngariung di imah Énda. Ngabeuleum jagong, nempo kembang api nu teu pati ramé, tapi bisa ngajorélatkeun cahya keur némbongkeun cai nu ngemplang.***

 

Dani Kusuma Wardani

Ibun, Kab. Bandung