Nasution Co

Kudu Nyengir Jeung Nginum

KUDU NYENGIR 

Uso: “Sin; silaing sanggup ngalawan petinju ti luar negri?” > 

Usin: “Naha kitu?” 

Usi: “‘Ceuk koran mah kudu aya nu sanggup unjuk gigi ngalawan petinju ti Pilipina.” 

Usin: “Wah atuh ari sakadar kudu nyengir mah dewek oge sanggup.” 

Uso: “Naon ari silaing make nyebutkeun sakadar kudu nyengir?” 

Usin: “Enya, pan hartina unjuk gigi teh nyengir.” 

 

Uus RK 1 – RT 08 

 

NGINUM 

Boing: “’Ari nu loba duit, dahar ge mani di restoran?” 

Aman: “Ulah ribut era bisi ka dengeeun ku nu maca …!” 

Boing: “Naha kitu?” 

Aman: ”’Ka Restoran teh ngan rek menta cai … pura-pura rek nginum pel, padahal nu diinumna lain pel …!”” 

Boing: “Naon atuh?” 

Aman: “Kancing baju.” 

Boing: “Jadol teh, sugan heu euh we boga duit.” 

 

  1. Endang Hermawa – Jl Raya Sukamandi No 17 Cijengkol Sukamandi Subang 

 

MALUKU 

Diky: ”Di mana imah kamu, Tong?” 

Otong: “‘Di kota Bandung.” 

Diky: ”Di kota Bandung? Ka mu engga punya malu, yah?” 

Otong: “Engga punya malu gimana sih? Malu sayah ada di Taman Maluku” 

Diky: “Oh iyah, taman tem pat bencong itu yah?” 

Otong baeud bari indit. 

 

Mamat – Dewi Sartika Bandung

 

PBH 

 

A : “Naon ari PBH teh?” 

B : “Pemberantasan| Buta Huruf.” 

A : “Eta mah basa Indonesia Ari basa Sundananaon?”

B : “PBH basa Sunda mah Paranti Beungkeut Harigu.” 

 

Oman – Rancakole 75 

 

HUJAN INTERLOKAL 

Umar: “Naha jalan di dieu baraseuh.?”’ 

Amir: “Kapan peuting tadi hujan.” 

Umar: ”’Tapi da di Majalaya mah teu hujan?” 

Amir: “”Kapan ieu mah nu di sebut hujan lokal tea?” 

Umar: “Ari hujan interlokal nu kumaha?” 

Amir: “Tanyakeun we ka Kantor Telepon.” 

 

Basri – Majalaya 

 

MANGSA 

Euis: “Bade ka mana, Li?” 

Eli: “Ka Pungkur.” 

Euis: “Ka saha?” 

Eli: ””Ka Mari. Dupi Euis bade ka mana?” 

Euis: “Bade nganjang ka Pa Geto, rai Mang Kukna.” 

 

Muslihat – Jln. Prawira no 6 Bandung 40252 

 

IKUT BICARA 

Basa rombongan olahraga rek indit ka luar negri, ku pejabat di Puseur Dayeuh teh diparancahan heula. 

Pejabat: “Semoga Anda sekalian dapat ikut berbicara dalam tiap pertandingan.” 

Hiji pamaen nu beuki heureuy ngaharewos ka baturna nu aya gigireunana, pokna: “Bagian dewek atuh ari ngan sakadar ikut bicara mah.” 

Baturna: “Heueuh enteng, pilakadar milu ngomong.” 

 

Dodo Kadaleman – Pakutandang 

 

SAHA NU MISKIN 

Ana: “Ni, saha nu paling miskin, Kresna atawa Dawala?” 

Ani: “Nya tangtu Dawala a tuh. Kresna mah Raja, se deng BDawala mah pawongan.” 

Ana: “Salah. Kresna teh Ieu wih miskin batan Dewala.”’ 

Ani: “”Naha?””’ 

Ana: “Sok we tingali, Kres na mah tara dibaju, Dawa la mah sok make baju.” 

Ani: “Oh enya-…” 

 

Muslihat – Jl. Prawira no 6 Bandung 40252