Nasution Co

Carmis komala sutha

 

Srék srék srék. Sada suku maké sendal ngaléngkah. Daksakala panon beunta dina poékna rohang kamar. Dada ratug waktu nu ngaléngkah disada kénéh. Metot simbut nepika nuruban sirah. Lain kakara peuting ayeuna, tapi peuting saméméhna. Sada suku nu ngaléngkah remen kapireng di luareun kamar. Pamohalan Mamah da tara pirajeuneun ka loténg ari keur wanci peuting mah.

Srék srék srék. Nu ngaléngkah. Sababaraha léngkah. Léngkah nu halon. Bangun léngkah kolot. Sirah gigideg. Lain, lain léngkah Mamah. Atawa Apa. Barina gé rék naon wayah kieu hanjat ka luhur. Saprék kuring boga kamar di loténg, bisa diitung ku ramo boh Mamah atawa Apa ka luhur. Bari moal tengah peuting. Samalah teu kungsi nyarahoeun kuring ngampihan  Adam, kabogoh kuring nu sababaraha kali unggah ka kamar. Nérékél dibantuan ku tali tambang, muru tepas loténg, nu asupna ngeteyep tina jandéla kamar nu saméméhna ngahaja teu ditulakan ku kuring.Laju dibaju, gep awakna ditangkeup pageuh. Silih galéntor nyacapkeun kasono, wanci janari leutik manéhna ingkah.

Awak ngoprot késang, soak lain meumeueusan waktu léngkah kapireng deui. Masih di luar kamar. Bulak-balik. Kapireng halon  bangun nu ngaléngkah sukuna disendal capit. Sakujur awak ngadarégdég. Kakara nyorang samodél kieu di imah sorangan. Salila nyicingan kamar luhur, kakara kuring mireng sora nu ngaléngkah bari sababaraha kali. Biwir hayang ngocéak tapi hésé. Antukna diri sumerah nepika teu karasa panon peureum les kasaréan. Kahudangkeun ku sora alarem tina hapé gigireun bantal. Panon gigisik. Nyah, beunta. Babatek awak laju cengkat ngoloyong ka kamar cai di jero rohangan. Brus mandi. Geus kitu dibaju, dandan tuluy turun.

“Sasarap heula,” ceuk Mamah imut ngabagéakeun. Kuring gideug lungsé.

Mamah neuteup bari rada kerung. “Kunaon? Paséa jeun Adam?”

“Ulah nyebut ngaran Adam deui, Mah. Fébi mah nyeri haté,” cékéng keuheul.

“Nyeri haté kunaon?” Mamah bangun panasaran. “Koh Adam cenah aya niat hadé ka Fébi? Hayang seurieus tur ngajak geuwat laki rabi. Tapi Fébina nu alesan can siap waé.”

“Fébi mios heula,” kuring ngaléos.

“Féb, Mamah nyarita seurieus! Adam sina ka dieu nepungan Mamah jeung Apa!” Mamah ngagorowok. Biur kuring nyemprung kana motor métik kakalérkeun. Sapuluh menit geus anjog ka  apartemen Wikeu. Ngabeubeutkeun awak kana luhur pangsaréan sanggeus ngalungkeun heula kantong. Wikeu kerung laju nyampeurkeun.

“Cenah rék dua minggu di ditu?” tanya Wikeu.

Kuring neureuy ciduh. “Rék jongjon kumaha mun unggal peuting diririwaan.”

“Ririwa?” panon Wikeu satengah molohok.

“Ririwa. Sora nu ngocorkeun keran cai, nu muka panto kamar, nu kokorosokan. Can di luar imah angin patinggelebug, anjing babaung, matak keueung sapaparat peuting, hih…” kuring nyengkatkeun taktak. “Teu hayang teuing!”

“Adam?” Wikeu neuteup.

“Ditinggalkeun!” cékéng ngagadeud. Kasawang si Windi nu diangkir datang ka imah sigrong nu perenahna di tungtung lembur Haurngambang.

“Sorangan?” Wikeu panasaran.

“Asalna mah sorangan. Tapi ayeuna mah duaan.”

“Hah? Jeung saha? Oh, jeung ririwa?”

Panon kuring mureleng. “Jeung ririwa bungkelekan. Si Windi!”

“Ah, teu bérés atuh!” nepi ka burit kuring méakkeun waktu nyorangan di kamar apartemen salila Wikeu gawé di kantorna.

Ték ték ték. Rét kana jam dina témbok. Tabuh lima burit. Trok trok trok. Sada sapatu jangkung ngaléngkah.

“Wik?” rét kana panto kamar. Jempling. Sora trok trak sapatu teu kapireng. Sakali deui ngagentraan Wikeu, sidik tadi sada léngkah suku disapatu jangkung, bangunna Wikeu, saha deui? Taya nu némbalan. Panasaran nunda rémot tipi, tuluy muka panto. Taya sasaha. Punduk muringkak. Geuwat nutupkeun deui panto kamar. Gap kana rémot tipi, Hurung, milihan siaran nyieuhkeun kakeueung nu mimiti ngubeng. Lain kakara burit nyorangan di apartemen Wikeu tapi kakara mireng sora nu ahéng. Suku, léngkah. Peuting tadi gé mireng léngkah di luar kamar kuring. Bédana léngkah suku nu disendal capit jeung halon. Rey, bulu punduk cengkat. Pikiran kamana karep, kagebah ku sora panto nu ngagemblang. Wikeu geus aya dijero. Teu miceun waktu, kabéh dicaritakeun. Léngkah di luar kamar kuring jeung di luar kamar manéhna.

“Halusinasi meureun tamah, Féb. Bawaan di imah sigrong akina Adam!” Wikeu nyindekkeun. Tabuh dalapan kuring geus aya di imah. Mamah jeung Apa gé geus di kamarna. Suku nu dibulen selop jangkung nété tangga. Ngalaan pakéan disalin ku piyama. Ngalacat kana kasur sanggeus lampu dipareuman. Gulinggasahan nepi ka tabuh sawelas, nyawang Adam nu tangtuna keur ngagulanggapér si Windi. Dua jinis urut kabogoh ditepungkeun di imah simpé, tangtu jongjon malidkeun birahi. Dada ngeleper, sakapeung ngahéab. Timburu jeung keuheul pagalo. Ngarasa diteungteuinganeun ku Adam nu papaharé waktu kuring indit ti imah sigrong. Anggur kalah nelepon si Windi. Ah, nyeri haté, hayang nelepun tapi géngsi. 

Panon dipeureumkeun tapi ngolébat rupa Adam jeung Windi. Moal salah, anu milampah nu teu jauh jeung nu kungsi dipilampah ku kuring jeung Adam. Boa leuwih motah. Jero dada ngaguruh, biwir ngagerendeng, ngageremet. Kuduna kuring nu aya di ditu, hanjakal kaganggu ku sora-sora jeung ririwa nu teu reureuh némbongan jeung nyolok ceuli. Kasawang maranéhna  duaan keur silih guley biwir, silih rampa bari bulucun. Tobat, kuring teu bisa nyingkahan rasa timburu jeung kakeuheul nu ngagalura jero dada. Inget waé ka dinya.

Tek tek tek. Sora jarum jam nu karasa halon. Muru angka dua welas. Tengah peuting. Kuring masih gulinggasahan. Awak nyangigir. Srék srék srék, sora nu ngaléngkah. Sababaraha kali. Rey muriding. Awak ngadarégdég. Tok tok tok. Rénjag. Nu ngetrokkan kaca jandéla. Pamohalan Adam. Rey, muriding deui. Awak patingsariak. Sérélék, sérélék. Dada beuki ngaranjug, awak oyag-oyagan. Késang ngoprot. Sérélék, sék, sélék, seréléééééék. Sora saperti tadi. Hordéng jandéla nu  disérélékkeun. Pamohalan Adam?

Biwir hayang ngajerit tapi bet teu wasa. Simbut meulit awak nu mingkin rosa oyag-oyagan. Teuing tabuh sabaraha kuring bisa saré tibra. Kahudangkeun ku Mamah nu ngetrokkan panto kamar isuk-isuk. Ngabéjaan aya Wikeu.

“Keur horéam ngantor, ulin yu, ah!” ceuk Wikeu sanggeus kuring réngsé mandi jeung dangdan. Nepungan manéhna di rohang sémah.

“Yu. Kamana?” tanya kuring. Ras inget kana kajadian tadi peuting. Bet horéam meuting di loténg.

“Kamana wé, nyusul Adam, yu?” Wikeu giak. Kuring ngajengjen sakeudeung. Wikeu bangun nu surti eusi haté kuring nu saenyana sono ka Adam.

Nepi ka lembur Haurngambang tabuh dalapan peuting da Wikeu ngajak heula ulin ka lembur-lembur di pasisian nu méh sapaparat jalan dilingkung gunung jeung pasawahan nu ngeplak. Duaan kana motor.

Imah sigrong tungtung lembur ngabagéakeun ku gelebug angin. Jempling. Lampu luar medem. Lalaunan ngetrok panto, taya nu némbalan. Leungeun hideng nyurungkeun. Ngagemblang. Blus ka jero. Simpé. Kamana Adam? Hm, tangtu keur ngeukeupan nu bahénol. Jero dada ngaguruh rasa timburu. Suku ngaléngkah muru panto kamar. Blak, taya sasaha. Lampuna pareum, Blus ka jero, rarampa luhur pangsaréan. Taya tanda-tanda urut nu geus malidkeun birahi.

“Taya sasaha,” cékéng nyampeurkeun Wikeu nu diuk dina sopa. Keueung saenyana tapi kapaksa banget hayang tepung jeung Adam.. Nepi tabuh sapuluh ngadagoan, Adam datang sorangan. Katara reuwas semu atoh nempo kuring.

“Tos jajap Windi ka bumi Bi Tika, hoyong ngawengi di ditu!” Adam ngabéjaan. Kuring jebi. “Teu sanggemeun ngawengi di dieu mah, sieuneun. Pajar sok aya nu ngaléngkah.”

Tabuh dua welas kuring nyaring. Rét ka gigireun. Adam ngagebra bari ngeukeupan kuring. Inget ka Wikeu nu saré dina sopa. Lalaunan nyengkatkeun leungeun Adam. Rap maké baju, ngoloyong ka tengah imah. Wikeu teu nyampak, ditéang ka kamar kadua, teu aya. Tuluy ka kamar katilu, sarua. Kitu deui ka kamar kaopat. Kukurilingan méh unggal rohangan dipaluruh. Wikeu ngiles. Panon seukeut museur ka nu ngolébat. Mojang nu pangawakanna sarua jeung Wikeu. Dituturkeun. Bras, ka pakarangan nu lega. Wikeu beuki ngajauhan. Léngkah kuring beuki ngagancangan. Nu dituturkeun gé leuwih gancang. Suku nu nyékér geus karasa cangkel jeung nyeri sanggeus anjog ka kebon eurih. Léngkah eureun. Nu dituturkeun eureun. Ngarénghap jero. Srék srék. Sada nu ngaléngkah tukangeun. Dirérét, taya sasaha. Suku diléngkahkeun. Srék srék. Léngkah nuturkeun. Dirérét, taya sasaha. Léngkah maju. Srék srék, nu ngaléngkah tukangeun. Dirérét deui, taya sasaha. Léngkah disada deui. Lain ukur di tukang, tapi di gigir kénca katuhu. Nu dituturkeun beuki ngajauhan. Léngkahna ngerepan. Suku kuring teu karasa cangkel jeung nyeri deui. Ngudag Wikeu. Nu diudag lumpat. Léngkah di tukang kareungeu deui. Ngudag kuring. Srék srék srék. Awak ngoprot waktu léngkah beuki ngeureupan. Nu diudag teuing kamana. Nu ngudag masih kareungeu léngkahna. Léngkah-léngkah beuki ngalobaan. Sawaréh ngarapung. Pagalo jeung séah angin. Suku. Léngkah. Léngkah. Suku. Ngudag kuring. Ngubeng kuring.***  

 

Katumbiri Sastra, 23 Maret 2018