Ku Komala Sutha
Awak kawas aya nu ngadudut bareng jeung panon nu beunta dina poékna kamar ukuran opat kali lima méter. Kana ceuli, kapireng sora di kamar tengah, kamar gigireun pisan, kamar nu geus sataun lowong tara dieusian. Sada sora mesin tik. Kawas aya nu mencétan tuts-tutsna, ilaharna jalma nu keur ngetik. Na saha atuh? Dampal leungeun susur-sasar karampa awak salaki nu jangkung gedé, teu empés-empés.
Tik tok tik tok tik tok tik tok….
Bulu punduk muriding bareng jeung sora nu ngiles. Taya deui. Awak satengah ngeleper, geuwat ngagéléhé deui, nangkeup tipepereket awak salaki nu nonggongan. Kapireng nyegrék, tibra kawantu capé, mulang ka imah liwat Isya.
Sababaraha menit néang pitunduheun tapi teu daék dihiap. Leungeun masih pageuh nangkod kana tonggong nu haré-haré. Teu wani rék ngahudangkeun, hayang bébéja tadi aya sora nu ngetik di kamar sabeulah. Teuing tabuh sabaraha, bangunna mah geus liwat ti tabuh dua welas. Angin ngagelebug ti luar, tina tatangkalan sabudeureun. Imah téh perenahna rada anggang ti tatangga, kahalangan kebon jeung lapang voli.
Panon dirapetkeun, karasa rada beurat, ngalenggut, tapi teu kungsi lila da kagareuwahkeun ku nu ngaganggu. Sora nu kapireng kana ceuli. Sora ti kamar tengah. Sada deui nu keur ngetik. Ayeuna mah kapirengna rada lila, nepika memenitan. Tik tok tik tok tik tok tik tok….
Késang tiis mimiti renung tina sabagéan awak nu dibulen ku kimono satén. Pamohalan aya jalma di rohang éta, lantaran di imah ieu ukur kuring jeung salaki. Budak nu ngan hiji-hijina leuwih betah di imah ninina. Da loba batur. Sapopoé kuring ukur dibaturan ku lanjang, Bi Diah, dina wanci sareupna sok mulang ka imahna di Babakan. Kuring nyorangan nepika salaki mulang wanci langit geus ditungkup ku pulas hideung. Tampolana peuting tadi mah liwat Isya karék mulang da kapalang ku pagawéan di kantorna.
Kuring ngarénghap jero. Sora tiktok disada kénéh. Punduk muringkak. Na saha nu ngetik di dinya? Pamohalan ari jalma mah, sidik ukur duaan. Kuring jeung salaki. Rék ngaguguyah, rasa teu téga leuwih gedé batan rasa sieun nu mimiti nyaliara. Remen nyorang di imah taya batur, pangpangna mun kaparengan salaki tugas ka luar kota. Biasana mah taya nanaon. Tara ngadéngé sora-sora nu ahéng. Gelebugna angin tina tatangkalan sakuliah imah geus biasa. Tapi ari sada nu ngetik mah karék peuting ayeuna. Na saha atuh nu keur ngetik téh?
Panon dipeureumkeun, leungeun kuring duanana beuki pageuh nangkod ka nu nonggongan. Nepi ka sora nu ngetik ngiles, bareng jeung panon kuring nu cepel kabina-bina. Kahudangkeun ku salaki nu ngusapan taktak, leungeun laju pingping.
“Tos Subuh, geura natepan?” salaki neuteup kuring nu karék beunta. Kamar ngempray.
“Akang tos natepan?” tanya kuring nempo salaki geus rapih maké baju koko pulas coklat ngora kahandapanna sarung, teu katinggaleun péci hideung dina sirahna. Salaki unggeuk dibarung ku imut. Awak cengkat, ngoloyong ka luar kamar, sarérét kana panto kamar tengah nu nutup. Rada muriding, léngkah digancangkeun muru kamar cai. Ngosok huntu, wudu tuluy solat di musola.
“Kang… ari tipayun ngagaleuh mesin tik timana?” kuring nyelok waktu keur mumuluk di rohang dahar. Salaki geus saged maké pakéan dinesna.
“Naha nembé naros éta… pan tos sasasih mésér mesin tik téh?’ salaki kerung.
“Hoyong terang wé…” kuring ngasongkeun gelas eusi cihérang haneut ka hareupeun salaki. Laju gelas hiji deui eusi susu coklat panas.
“Aya nu nawisan ka kantor.”
“Saha?”
“Teu wanoh. Kanggo naon mesin tik jaman kiwari. Ah, hawatos wé ka nu ngicalna, tos ngider ka ditu ka dieu nawiskeun tapi taya nu kersa ngagaleuh…”
“Nya, saha nu kersa atuh da tos teu usum, kajabi kanggo koléksi barang unik…”
“Tapi kapungkur nuju Néng janten mahasiswa mah pan nganggé mesin tik, nya?”
“Sami Akang gé…”
“Teras, naha janten ngabahas mesin tik wayah kieu? Wios atuh teu mangpaat kanggo urang, tapi kanggo nu ngicalna mah kalintang mangpaat. Tiasa nulungan nu kabeulit ku kaperyogian. Étang-étang ibadah. Leres teu?”
Kuring teu némbal, laju nyiuk deui sangu goréng dikana alaskeun. Top kana ceplok endog, perkedél kentang jeung kurupuk udang. Salaki mah geus réngsé dahar, keur nyuruput lalaunan susu coklat nu panas.
“Akang mulang wengi, nya?’ celengok salaki nyium taar. Laju ka luar. Teu kungsi lila, kapireng ngageuleuyeng jeung mobilna. Nepika tabuh sapuluh, lanjang can waé datang, tadina mah rék dititah meresihan kamar tengah. Kamar nu aya mesin tik. Inget deui kadinya, punduk muringkak. Pantona nutup saperti sasari. Ngahaja mesin tik ditunda di dinya jeung barang-barang séjén nu kurang guna. Tara pirajeuneun asup. Ngan kasawang mesin tik ngabagug luhureun méja. Méja nu tiheula mah sok dipaké salaki ari ngetik dina komputer. Kiwari komputer gé geus teu dipaké. Milih dina léptop nu bisa dibawa ka luhur tempat saré.
Nepi ka langit diringkeb ku peuting, lanjang teu kungsi datang. Teuing kunaon da kamarina teu bébéja. Réngsé solat Isya, kuring leuwih milih ngonci manéh di kamar. Bari ngadagoan salaki.
Lampu kamar mah dipoékan. Awak geus ngagolér dibulen ku simbut kandel. Ngadedempés, najan pitunduheun hésé diangkir. Hayang mah geura rapet. Salaki teuing dimana kénéh. Diocokot goréngna, aya acara dadakan ka luar kota. Tiheula kungsi kitu teu ngiberan heula. Lahlahan, mun salaki nepi ka teu mulang, kuring kudu mampuh nyorang peuting Jumaah ieu. Sasarina peuting-peuting katukang tara nyorang rasa sieun saperti ayeuna. Tapi saprék peuting kamari kapireng sora nu ngetik ti kamar tengah, jadi rerempodan.
Teuing tabuh sabaraha, panon karasa tunduh. Teu bisa disingkahan. Reup. Tibra. Tik tok tik tok. Ranjug, dada ngaranjug, panon beunta neuteup poékna rohang kamar. Rasa sieun teu kaampeuh, sora nu ngetik beuki remen, meulah peuting nu simpé. Anjing babaung ti kajauhan. Séah angin kareungeu matak ketir, ibarat orkéstra nu pikasieuneun. Awak ngeleper. Sora nu ngetik teu bisa disingkahan, anggur kalah ngahajakeun. Tapis, gancang, teu reureuh tiktokna. Kalah narikan. Asa ngadeukeutan pisan ceuli. Tik tok tik tok tik tok.
Rey, bulu punduk cengkat. Séah angin awor jeung nu patinggelebug di luar, nambahan kakeueung. Biwir hayang macakeun du’a tapi hésé éngab lir ditulakan pageuh, kalah biwir ngageter. Awak oyag-oyagan kawas nu katerap panyakit ayan. Késang maseuhan awak. Tik tok tik tok tik tok tik tok….
Rey, bulu punduk muringkak deui. Rasa sieun teu kaampeuh nepi ka ngiihan manéh dina kasur. Sora nu ngetik beuki ngahajakeun. Teu sadar biwir ngocéak. Ngajerit satarikna bakating ku soak. Bareng jeung nu ngagubrag-gubrag panto kamar. Sababaraha kali. Jerit deui, kocéak deui, kuring tuluy léwéh kawas bolon.
“Buka pantonaaaaaa!” sora nu ngagorowok di luar panto kamar. Dada reuwas. Jajantung méh copot. Gabrug ngagabrug ka manéhna sanggeus panto muka.
“Hadéna Akang ngabantun konci sérep… !” salaki ngagolédagkeun awak kuring kana tempat pangsaréan.
“Akang… piceun mesin tik téh, ngajungjurigan waé ka abdiiii!” curuk kuring tutunjuk ka kamar sabeulah. Sanggeus lélér kareuwas, nginum cai hérang dina gelas nu disodorkeun ku salaki tina dispénser di juru kamar. Ngahuleng sakedapan bari neger-neger manéh. Laju norolong ngalalakon salila dua peuting mireng nu ngetik. Salaki hookeun. Geus kitu ngajak kuring ka luar kamar, mukakeun panto kamar tengah. Bray, lampuna dihurungkeun tina stop kontak. Ngabagug mesin tik dina luhur méja. Rapih. Taya tanda-tanda urut nu ngetik.
“Ulah nyawang nu pikasieuneun!” ceuk salaki sanggeus aya deui di kamar.
“Henteu nyawang abdi mah, leres mireng nu ngetik!” ceuk kuring keukeuh da nempo salaki bangun cangcaya.
“Matakna ulah resep nongton film horor jadi kaémut-émut!”
“Euh… saha barina gé nu sok nongton film horor!” kuring malik keuheul. “Pokona énjing alim aya mesin tik éta di bumi ieu!”
“Kamanakeun?”
“Badé dipiceun… badé dipasihkeun, teu langkung… pokona ulah aya di dieu!” kuring ngagadeus. Salaki teu nyarita. Isukna manéhna ngawadahan mesin tik kumplit didusan.
Saminggu kuring jongjon nyorang peuting tibra saré, teu kungsi dijungjurigan deui ku sora mesin tik. Malah kamar tengah geus diberesihan. Rék dipaké pabukon méh teu kesel ari sapopoé taya batur bisa maca majalah atawa buku-buku.
Tabuh dua welas beurang meujeuhna panonpoé keur mentrang, kuring diuk dina korsi di tepas hareup. Aya nu uluk salam ti luar gerbang, laju dibagéakeun titah nyampeurkeun. Lalaki tengah tuwuh, pikarunyaeun, ménta tulung can mayar séwaan imahna.
“Mugia Endén kersa ngagaleuh mesin tik abdi kapungkur saé kénéh da…” cenah bari ngaluarkeun tina dusna. Panon teu sirikna molotot lantaran apal dusna. Teu nyalahan, tina jerona bijil mesin tik nu kungsi ngageugeuh kamar tengah tur ngajungjurigan salila dua peuting.
“Hapunten, sanés teu hoyong nulungan!” jung cengkat. Geblug, panto hareup ditutup. Awak patingsriak. Ngajelenging kénéh kana puhu ceuli caritaan salaki mangkukna yén mesin tik éta téh tayohna urut saurang pangarang nu nelasan pati alatan dipangnyolowédorkeun ku salakina.
Tik tok tok tok. Ranjug, dada ngaranjug. Sada nu ngetik ti kamar tengah. Panon ngarérét. Pantona nutup.*** Katumbiri Sastra, 24 Januari 2019
katerangan:
Puriding Puringkak Nu Ngetik di Kamar Tengah karya Komala Sutha kantos medal di Manglé nomer 2774.