Nasution Co

Ondangan Jeung Qurban

ONDANGAN

Igud: “Maca naon euy, jiga nu bingung kitu…?”

Ogud: “Eta aya ondangan ti babaturan, tapi asa hoream datang..!!”

Igud: “Nya kuduna datang we, da babaturan lin, nu jadi matak bingung kunaon?”

Ogud: “Hoream datang teh, eta nu kawinna si Kopid jeung neng Corona…”

Igud: “Paingan atuh…!!??”

 

Desdi Irbaryana – Jatigede, Sumedang

 

QURBAN

Dodo: “Maneh qurban teu, euy ??”

Dada: “Quban domba 2 ekor….”

Dodo: “Ari maneh, qurban teu  ??”

Dada: “Sapi, 10 ekor..!!”

Dodo: “Mantaplah, bisa ning ??”

Dada: “Sapi tatangga….???!!!”

Dodo: “Bedul teh, siah !!”

 

Desdi Irbaryana – Jatigede, Sumedang

 

JODO

“Mbah, tos lami abdi hoyong nikah, tapi can aya jodo…”

“Nami saha, neng cing mbah hyong terang..”

“Rona name abdi mah, lengkepna Koronawati savitri..”

“Ah, sae name teh, cocok neng, jodo neng mah aya dina nami Udin Saifulkopid, ayana daerah wetan, sok pilarian geura…”

“Leres, mbah, mangga atu, abdi bade ka daerah wetan..??”

 

Desdi Irbaryana – Jatigede, Sumedang

 

PAHILI KUPON

Unggal imah ngahihidan saté. Iwal ti imah Dikin. Henteu ngebul, kalah Mang Dikin nu huleng jentul.

Édéng: “Naha teu nyaté, Mang?”

Dikin: “Nyéta teu kabagéan daging.”

Édéng: “Apan geus dibagi kupon.”

Dikin: “Justru éta, salah ngodok kalah mikeun kupon sembako korona.”

Édéng: “Terus kupon dagingna ka mana?”

Dikin: “Sigana murag terus aya nu mawa. Da cenah bagéan kuring geus aya nyokot.”

Édéng: “Deudeuh teuing, ieuh aya bagian uing, ngan kari tulangna.”

Dikin: “Géhél!”

 

Isnawati – Cibiru, Bandung

 

BALAP KAWIN

Bulan Agustus mah loba perlombaan dina mangsa miéling kamerdékaan. Angger da ti taun ka taun téh loba balap kawin. Narungtutan ka balé nyungcung. Di antara pamuda téh, iwal ti Andi nu can kawin. Atuh pada ngomongkeun.

Asép: “Teu sangka Si Andi gening nu panboyotna.”

Yudi: “Teu anéh ceuk uing mah.”

Asép: “Dih da di antara urang téh manéhna nu mantes.”

Yudi: “Angger pangaruh disunatan.”

Asép: “Naon hubunganana?”

Yudi: “Lantaran pandeuri disunatanana.”

Asép: “Heueuh, terus?”

Yudi: “Jadi wéh pandeuri kawinna. Apan urang mah geus leuwih ti heula begér, manéhna mah masih ngungkueuk.”

 

Ismail Saléh – Cikalong, Bandung Barat

 

ACAN MERDÉKA

Mapag miéling poé proklamasi, batur mah saruka bungah. Iwal ti Maman nu katémbong ngungun. Puguh matak hémeng keur Sandi mah.

Sandi: “Kunaon bangkenu kitu? Lain geura pulas imah urang ngareuah-reuah poré kamerdékaan.”

Maman: “Lah ngareuah-reuah naon, can merdéka ceuk uing mah.”

Sandi: “Sigana manéh mah masih dijajah ku setoran Bank Émok.”

Maman: “Angger can merdéka masih lunas cicilan gé.” 

Sandi: “Naha kunaon deui?”

Maman: “Salila can katebus BPKP mitoha can merdéka, can bisa nepungan pamajikan.”

 

Isma Suryani – Cibiuk, Garut

 

TEMPAS SINDIR

Aki: “Ni, tempas sindir tapi ti aki heula nya?”

Nini: “Sok lah! Mo burung dilawan.”

Aki: “Garicu jalan ka huma

kendi dibeungkeut ku tali

réa kutu loba tuma

mandi sa-Mulud sakali.”

Nini: “Ulah kéna-kéna pacét

ka leuweung meuncitan meri

ulah kéna-kéna kasép

anak deungeun dinyenyeri.

énak ajah.”

 

Lius Sukmana – Ciparay, Kab. Bandung

 

BOM KÉRÉTÉK

Utép: “Ari jadi tukang kéréték téh paur disangka téroris,”

Usup: “Heueuh, ieu bom dina kéréték nu ngahapit kuda.”

Utép: “Hadéna henteu ngabeledug.”

Usup: “Lumayan dekok mun neunggar mobil mah,”

 

Odin Wikarta – Ibun, Kab. Bandung.

 

PAKUAT-KUAT

 

Awan: “Jam nu sayah mah pangkuatna, dikeueum dina cai gé jalan terus.”

Iki: “Komo jam nu sayah mah kuat pisan digéléng ku mobil ogé teu régrog-régrog.”

Awan: “Jam naon mérekna?”

Iki: “Jambatan,”

 

Didi Supardi – Paséh, Kab. Bandung

 

MEULI BÉNGSIN

Si Otoy jeung si Mamat naék motor, tapi dina tanjakan motorna teu bisa maju da béakeun béngsin. Hadéna lebah dinya teu jauh ti SPBU. Laju Si Otoy nitah si Mamat meuli béngsin ka dinya bari ngasongkeun kompan leutik.

Si Mamat mulang ti SPBU, kompanna kosong. Ditanya ku si Otoy, jawabanana téh di SPBU taya béngsin cenah, da dina tulisanana ogé nu aya ukur Pétramak, Solar jeung Prémium.

 

Andi S – Bandung Barat

 

JURIG NU TEU NGARIPUHKEUN

Atay: “Jurig naon nu tara ngaripuhkeun?”

Otoy: “Aya kitu?”

Atay: “Aya. Jaélangkung. Apan datang tak diundang pulang tak diantar ning.”

 

Andi S – Bandung Barat

 

JURIG GUMBIRA

Babay  :  “Jurig naon cik nu panggumbirana enya gé leungit budak?”

Boboy  :  “ Teuing atuh?”

Babay  :  “Kuntilanak. Ngan cicirihilan wé najan budakna leungit gé.”

 

Andi S – Bandung Barat