Kudu bisa ngajaga étika. Atawa ceuk basa moderna mah jaga iméj alias jaim téa. Tapi dina hiji kasempetan mah rajeun sok teu bisa katahan. Kaceplosan, jeung teu kahaja deuih. Tungtungna mah matak wirang.
Ampir dua taun mun indit ka Bandung téh tumpak beus tayo. Sesebutan keur beus Trans Bandung Raya jurusan Majalaya – Leuwipanjang. Beus téh teu sirikna padedet waé. Angot isuk-isuk mah. Poé biasa waé geus pinuh, komo deui ninggang poé peré loba nu hayang arulin ka Bandung. Teu sirikna diéntép siga korék api.
Lian ti murah, beus téh full AC, jeung full musik. Tapi ari full musik mah kumaha supirna. Da nyetélna dina hapé disambungkeun kana speaker. Mun hapéna keur lowbat mah jempé wé iwal ti panumpang masang hédsét, muterkeun musik dina hapéna séwang-séwangan. Kabayang pan, diuk merenah, AC ngahiliwir, jaba ngadéngékeun musik. Teu anéh matak pada ngadeugdeug gé.
Ari kuring mah sok nangtung wé. Teu téga mun ningali ibu-ibu atawa bapa-bapa ngadeg téh. Jadi sok ngéléhan. Kawas harita, kuring nangtung téh di tengah-tengah beus. Hédsét mah geus dipasangkeun ti keur nungguan beus kénéh. Telat si tayo, jadi nu nungguan gé teu kabéh kaasupkeun.
Nangtung sajajalan. Beuteung mimiti karasa muliat. Diempét-empét wé. Kahayang mah ulah waka kaluar. Da di jero ngulibek hawa. Tapi geus teu bisa katahan. Malahan mah diempét-empét gé kaluarna disada.
“Kaluarkeun waé kitu, da full musik ieuh,” cekéng téh.
Geus teu kuat deui nahan, na da éta mah broot wé disakalikeun. Ari sugan téh geus longsong, pék hayang ngaluarkeun deui. Kagok waé, broottt rada lila. Prét wéh singget. Geus kitu mah karasa merenah.
Tapi rarasaan naha sapangeusi beus marelong ka kuring. Naha kadéngéeun kitu? Pan rarasaan henteu harus, gandéng kénéh sora musik.
“batere low…” kadéngé sora na hédsét.
Reup pareum musik téh. Satutas kitu téh teu kadéngé deui sora musik. Alah siah boa gandéng téh ukur sora musik dina hédsét, lain tina speaker nu disetél ku supir.
“Nuhun, Kang, tos masihan hitut, jadi wé asa dina open gas. Gas peledek!” ceuk bapa-bapa nu diuk, pas nyanghareupan kana bujur kuring.
Rey téh beungeut beureum. Duh Gusti isin kabina-bina, jaba jauh kénéh karék mepi shelter Jelekong.
Sulaéman Kartaprawira
Ibun, Kab. Bandung