Nasution Co

Profesor Pasea Jeung Jurig

Ku Andang S. Argayuda

 

Basa peuting keur meujeuh jempling, di hiji imah gedong sigrong anu pernahna di mumunggang pasir nu harieum ku rungkun gombong. Aya awéwé ngora keur humandeuar bangun nu manggih karungsing, pédah ti tadi mépéndé anakna anu sarua awéwé teu kaur reup da kagandéngan ku sora-sora anu arahéng.

Geus sababaraha bulan di imahna lamun nyedek ka peutingnakeun sok ngadadak loba sora-sora anu aranéh, kadang sada aya lalaki keur ngocoblak sosoranganan. Sakapeung aya sora anu keur ngahariring anu tabeuhannana matak hayang nungkup ceuli, ngan rék ditempo téh bisi matak ngaganggu ka anakna anu umurna can sawawa. Bisi sieuneun bakuna mah. 

“Ma, atuh éta téh sora naon? Uing mah keueung.” Budak anu keur dipépéndé tumanya ka indungna, awakna murungkut bari nyusup kana awak indungna.

“Duka teuing, Nyai. Geus sababaraha bulan di imah urang jadi sok loba  dédéngéan.” Indungna cumarita bari nangkeup anakna.

“Moal kitu éta téh jurig, Ma?” Anakna tumanya deui, bari awakna gumeleter siga anu muriang teu manasan. Ceuk pikir éta budak, pasti anu garandéng téh jurig. Da sakitu geus lila can kungsi nempo jirimna.

“Ih kapan urang anu sok disarebut jurig mah, anaking.” Indungna ngajawab bari ngusapan tonggong anakna, sugan bisaeun saré. Ras kana hirupna anu salila ieu ukur duaan jeung anakna bari can sawawa, salakina indit duka teuing ka mana da geus teu aya béja jeung carita. 

Sanggeus anakna tibra, kuniang manéhna hudang terus kaluar ti enggon muru sora-sora anu aranéh. Laju muru panto anu ka tengah imah, da kadéngéna sada ti lebah dinya. Nepi kana panto, ceg kana panyekelan konci. Tapi sababaraha kali digulak-gilek ogé weléh teu daékeun muka. Bakat ku ambek ngan jebrod panto téh ditajong, jep sora-sora nu aranéh téh ngadadak jempling. 

Teu pati lila kolotrak sada anu muka konci, bray panto téh muka. Lol aya saurang lalaki gandang masih ngora, ceuk cohagna mah keur meujeuh lumiat. Ngadon luak-lieuk siga aya anu ditéangan, geus kitu asup deui. Jeblug panto nutup deui, ceklék sada dikoncikeun deui.

“Euleuh, geuning aya deui bangsa manusa di imah aing. Paingan anak aing sok bibirigidigan waé, karasaeun sigana mah aya mahluk séjén. Untung can bisaeun awas”. Eta awéwé gegerendengan sorangan, haténa asa medenghel ku kakeuheul. Salila ieu manéhna ngarasa jongjon hirup paduduaan jeung anakna, teu aya anu nyiksikudi. Wuri-wuri ayeuna aya deui anu nyicingan imah salian ti manéhna, bangsa manusa anu kabisana ukur ngabaribinan. 

Ti saprak kajadian harita di imah éta jadi taya deui sora-sora aranéh anu sok ngabaribinan ka manéhna, disangkana mah éta jalma anu katempo ku manéhna geus pindah.   Unggal peuting saré tibra, beurang ngahenang-ngahening taya karingrang. Anakna geus tara bibirigidigan deui, atuh saréna ogé teu weléh tibra.

“Ma, geuning sora-sora nu aranéh téh ngilang nya. Jempling ayeuna mah, jurigna pindah sugan?”. Keukeuh éta budak nyebutna téh jurig. Can apaleun yén sabenerna anu disebut jurig téh bangsa manéhna.

“Enya geus diusir ku ema, bongan gandéng waé”. Indungna cumarita siga nu enya, ti dituna mah ngabeberah ka anakna. Bari teu apaleun yén anu nyicingan éta imah téh lain kabur pédah sieuneun ku manéhna, tapi keur ka luar nagri nganteur bojona. Sabab bojona téh urang luar nagri.

Dina hiji peuting, maleman Jumaah Kaliwon. Sababaraha minggu sanggeus aya kajadian anu najong panto, di rohang tengah aya dua urang lalaki keur uplek ngawangkong. Mimitina mah sada ngobrolkeun urusan kampus. Nguruskeun paguron luhur. Lila-lila bet malibir kana nyaritakeun kajadian anu geus kaliwat di éta imah. 

“Boy, sababaraha minggu ka tukang méméh ngajajapkeun pamajikan. Saya manggih kajadian ahéng di ieu imah”. Lalaki nu disebut keur meujeuh lumiat ku jurig awéwé téa, cumarita ka Si Oboy. Kitu nelahna éta jalma anu diajak ngawangkongna téh.

“Kajadian naon Prof. ?”. Si Oboy tumanya bangun panasaran. 

Horéng éta lalaki anu nyicingan imah téh Profésor Doctor, salah saurang guru besar di paguron kamashur nu aya di tatar Sunda. Ari anu disebut Si Oboy, éta téh asistenna. 

“Harita téh tengah peuting, keur nyetél lagu barat tina dipidi kana tipi keun. Jug-ujug aya anu kekeletrékan kana panto, barang dirérét gagang konci usak-usik. Teu pati lila jol jeblug sada sora panto ditajong, barang panto dibukakeun bet teu aya sasaha. Najan dikotéténg weléh teu aya nanaon. Moal kitu aya jurig di imah ieu?” Profésor nyaritakeun papanggihannana bari terus tumanya ka Si Oboy.

“Lah Profésor mah sok aya-aya waé, piraku sapantar profésor masih percaya kana ayana jurig?” Si Oboy ngaoahkeun.

“Ari manéh Oboy, manasina anu hirup di alam dunya téh ukur manusa siga urang. Kapan cenah aya deui manusa ghaib anu sok disebut jin, ngan ku urang sok disebutna jurig”. Profésor negeskeun kalayan daria ngeunaan anu hirup kumelip di alam dunya.

“Sumuhun ari ku kituna mah, Prof.” Si Oboy éléh carita.

“Boy, biasana wayah kieu sok aya tukang nasi goréng ngaliwat. Pegat jung, Saya lapar euy”. Profésor téh geus ngalanggan ka tukang nasi goréng anu liwatna sok meneran tengah peuting, atuh profésor téa loba nyileukna batan saré.

Jam disada dua welas kali nandakeun geus tengah peuting. Karék ogé ngaragamang kana laptop profésor téh, jol jeblug sada anu najong panto. Najan reuwas tapi profésor téh gura-giru muru panto, kawani kana jurigna mangrupakeun turunan ti luluhurna. Malahan kapan mamangna mah aya anu jadi paranormal, jadi gedé leutikna aya teureuh. Tapi sanggeus panto dibukakeun, deui-deui teu aya nanaon. Ukur aya angin anu ngahius neumrag awakna muru ka jero.

Geus karuhan taya nanaon mah gura-giru profésor téh nutupkeun deui panto, laju muru kana méja tulisna rék neruskeun hanca. Tapi barang anjog lebah dinya, laptop ngadadak kumalayang luhureun méja, angin kadéngéna ngahius tarik. Ti kajauhan sada aya sora anjing ngalanglaung, matak keueung. Laptop napak deui kana urutna, tapi jol gombrang kaléng kuéh luhureun méja ngadadak murag bari sorana sada anu dibeubeutkeun.

Profésor najan enya ludeungan, tapi ari nepi ka kajadian sarupa kieu mah angger wé humar-hemir. Da kakara manggih anu siga kitu mah. Ongkoh ku teu eureun-eureun, sanggeus kaléng murag panto lomari patingjareblug.

“Hi….hi…hi, hi… hi…hi”. Aya nu cicirihilan, cungungung sora anjing babaung deui beuki melung. Séooooor angin ngadadak ngaguruh di jero éta rohangan, keretas anu numpuk dina méja tulis rabeng haliber kaanginkeun.

“Héy jurig, montong nyingsieunan da aing mah teu sieun ku bangsa jurig !”. Profésor ngomong kasar bakat ku ambek pédah disingsieunan, datang kawanina sanggeus leupas tina kakagétna.

“Héy manusa nu teu boga rasa, Kula nu ngabogaan ieu imah. Anjeun unggal peuting ngan ngabaribinan Kula jeung anak Kula, montong cicing di dieu ari rék ngaganggu mah. Mending ka ditu nyingkah, ulah cicing di imah ieu”. Jurig awéwé ngora hohoak ka profésor, teu sukaeun imahna aya nu nyicingan ku bangsa manusa.

“Jurig nyiliwuri, ieu mah imah aing. Rék gandéng, rék jempling kumaha aing wé”. Profésor masih ambek, cumaritana angger teugeug jeung kasar.   

“Yeuh manusa, méméh anjeun cicing di ieu imah, Kula geus leuwih ti heula aya di ieu imah. Ning anjeun jol ngaku-ngaku yén ieu imah anjeun ?”. Jurig awéwé teu éléh carita, da sabenerna méméh profésor ngamilik éta imah manéhna mah geus heubeul aya di dinya. Malahan pan geus sababaraha anu nyicingan imah éta, tapi kabéh ogé teu aya anu betaheun lila. Da cenah sok aya anu nyingsieunan.

“Enya mereun anjeun geus leuwih ti heula aya di dieu, tapi da kula boga buktina yén ieu imah téh boga Kula”. Profésor mimiti leuleuy, da sabenerna ieu profésor téh jalma hadé haté. Deudeuhan jeung nyaahan ka papada jalma, ngan ka jurig mah rada galak ti barétona. Sanggeus nyarita kitu saterusna ngabukaan laci lomari, ceg kana emap warna héjo.

“Naon éta, manusa ?”. Jurig awéwé téh siga anu sieuneun, disangkana meureun profésor téh rék ngabijilkeun jimat.

“Yeuh bisi hayang apal, ieu téh sertifikat ieu imah. Nandakeun yén Kula anu bogana, najan anjeun anu leuwih ti heula aya di dieu tapi ieu imah boga Kula”. Profésor ngomongna bari ngiwing-ngiwing sertifikat, siga ka manusa waé.

Tapi anéhna sanggeus profésor ngiwing-ngiwing sertipikat, jadi ngadadak jempling. Taya deui anu némbal, taya deui sora-sora ngaguruh. Duka kamana ngaléosna éta jurig, teu kabacaeun ku profésor mah. Disangka ku Profésor mah jurigna kabur sieuneun sertipikat. Padahal jurig awéwé téh lumpat muru anakna anu gegeroan ka manéhna. Ari Si Oboy, ti tadi ogé ngajanteng dina lawang, hareugeueun ku polahna profésor anu hog-hag sosoranganan. Maksud Si Oboy mah rék ngabéjaan yén tukang nasi goréng geus aya, kasampak profésor siga anu kasurupan. 

Si Oboy lumpat ka luar ménta tulung ka nu keur ngariung tukang nasi goréng, cenah profésor kasurupan. Barang jalma pada muru ka dinya, kasampak profésor keur ngomé laptop neruskeun hancana anu katunda. Atuh Si Oboy pada nyarékan.

“Oboy…., ari manéh teu pupuguh nyieum hoaak. Kasebeleun pisan!” Jalma-jalma baralik deui ka tukang nasi goréng. Si Oboy bengong teu kahartieun ku kajadian anu tumiba ka Profésor.*** 

 

# Nyandak tina kajantenan anu kaalaman ku, Prof. Dr. Arief Anshory Yusup. Guru Besar UNPAD

                                                                              

Katerangan:

Seratan Puriding Puringkak nu judulna PROFÉSOR PASÉA JEUNG JURIG karya Andang S. Argayuda [arantos medal di Manglé No. 2776.