Ku Adé Wa Ojo
Mimimiti diangkat jadi guru SD, pangasilan téh leutik kénéh. Manasina kiwari, alhamdulillah
geus harojih. Harita, mangsa nampa SK PNS 80%, gajih ukur opat puluh opat rébu opat ratus
pérak. Basa SK PNS 100% geus katarima, gajih gé undak jadi gembleng lima puluh lima
rébu lima ratus pérak. Diukur ku pangabutuh sapopoé, jelas nogéncang; gedé paseuk batan
tihang. Atuh ana tepung jeung bulan anyar sok ngadadak katerap kasakit strés. Puguh
ninggali struk gajih jeung hutang ganjor kacida. Nu matak kitu bédana nu beunghar jeung nu
miskin téh. Ari nu miskin mah struk heula kakara strés. Mun nu beunghar strés heula kakara
stroke. Pangna strés, makihikeun gajih téa nu heureut pakeun pungsat bahan kudu saeutik
mahi loba nyésa. Cobi émut dék teu rieurrr kumaha? Deuk uclak –éclok ka balad saparofési,
heueuh nyasat atuh, sarua wé pajenggut-jenggut jeung nu dugul!
Nasib guru SD alam harita mémang walurat pisan. Mun dibanding-banding, caang kénéh
bandar karét. Éta baé, pangala bandar karét sakali ngiangkeun barang, untungna kana sapuluh
lipeteun gajih guru SD. Itung wé mun dina sabulana manéhna “ngekspor” barang minimal
opat kali, geus kajudi sabarahaeun piuntungeunana. Mun dibandingkeun jeung gajih uing,
jauh tanah ka langit.
Nu matak dina sakalieun ruang-riung jeung maranéhna, haté sok merod. Kurang-kurangna
mah hayang néangan panto muka, méh aya alesan ngudar sila. Seug komo, mun maranéhna
nyaritakeun kauntungan sabada ngorder barang. Walaaah…, langsung kabur pangacian.
Téngsin déch akika…!
Bareng jeung perjalanan waktu, golongan ngarayap naék. Otomatis gajih gé undak. Diutang-
itung, narima per bulan téh jadi dua ratus lima puluh rébu. Ngan ari dibandingkeun jeung
bandar karét téa, jelas masih jauh kénéh. Maranéhna mah lain raratusan rébu deui. Tapi, geus
meuntas ngajuta ka luhur; jaradi jutawan. Mun épés méér bakal ngéplék jawér ngandar
jangjang.
“Bet kudu minder sagala…,” Ceuk Kepala Kandép Kecamatan basa kuring ngadu, “Guru mah
profési mulia. Keun baé miskin harta gé, da puguh beunghar budi. Asal iklas, in syaa Alloh
baris jadi amal ibadah, sampeureun jaga di ahérat.”
“Muhun, Pa na kituna mah…. Mung éta paripolahna, ngahajakeun pamér kakayaan
ngabadugan irung. Unggal pendak, nu dicaritakeun téh ngan artos wé jiga taya téma sanés.
Paagul-agul nyaritakeun untung mangjuta-juta….”
“Enya ma’lumeun…. Tong éléh géléng, guru mah loba akal. Pikeun nyanghareupan jalma nu
matréalistis, aduan ku matéri deui. Naon héséna?”
“Ari Bapa… nyasat atuh. Pan abdi mah héngkér, tiasa ngaduan kumaha?”
“Sabaraha gajih téh ayeuna?”
“Dua ratus lima puluh rébu, Pa.”
“Tah… tah… gampang ari kitu mah. Mun maranéhna ngalobrolkeun deui haliah dunya, heug
nanyakeun panghasilan urang, ulah disebutkeun dua ratus lima puluh rébu. Tapi, sebutkeun
sing bedas saparapat juta kituh. Omat juta-na sing ngéngkréng! Moal geura, moal ngahina
deui, da puguh sarua aya juta-an.”
Lakadalah… ideu brilian yeuh.